Gaul dina hirup kumbuh sapopoé, nuduhkeun yén manusa tėh mangrupa mahluk sosial, teu bisa hirup nyorangan, butuh batur cacarita, butuh batur ngobrol gėusan nembrakkeun eusining hatė jeung pikiran. Dina emprona urang gaul di masarakat, urang kudu nyaho kana (1) keur di mana urang tėh; (2) kumaha kaayaan sabudeureun urang; jeung (3) saha nu rėk disanghareupan tėh.
Dumasar
kana hal ėta, tatakrama gaul di masarakat tėh kudu (a) merhatikeun ka batur;
(b) ngawanohkeun diri; (c) ngucapkeun salam; (d) nyarita nu sopan/hormat; (e)
imut; (f) ngalayad nu teu damang; (g) ngalayad nu dikantunkeun maot; jst.
Kaopat, kudu bisa hirup kumbuh babarengan di tengah pagaliwotana masarakat anu
lain waé urang Sunda, tapi aya sėkė sėlėr lianna, kayaning: séké sélér Jawa,
séké sélér Batak, séké sélér Batawi, séké sélér Makasar, jrrd.
Tatakrama
urang Sunda (lokal) can tangtu sarua jeung tatakrama nasional, ku lantaran
kitu, perlu diajarkeun jeung dilatihkeun tata cara gaul anu hadė ka parasiswa
ti awal mula.
Géura
ieu titėnan dina tabél di handap, conto
larapna kecap dumasar kana ragam basana masing-masing:
Tabél 1. 1 Conto Makéna Basa Ragam Loma jeung
Ragam Hormat
Kecap Ragam Loma
|
Ragam Kecap Hormat keur ka
Sorangan
|
Ragam Kecap Hormat keur ka Batur
|
abus, asup
|
Lebet
|
Lebet
|
acan, tacan
|
teu acan
|
teu acan
|
ajang, keur
|
Kanggo
|
Kanggo
|
Ajar
|
Ajar
|
wulang, wuruk
|
atoh, bungah
|
Bingah
|
Bingah
|
babatang
|
Mayit
|
Layon
|
badega
|
Rencang
|
Rencang
|
Bagéa
|
Bagéa
|
Haturan
|
balik, mulang
|
Wangsul
|
Mulih
|
Kecap Ragam Loma
|
Ragam Kecap
Hormat keur ka Sorangan
|
Ragam Kecap
Hormat keur ka Batur
|
Batuk
|
Batuk
|
Gohgoy
|
beuheung
|
beuheung
|
Tenggėk
|
beunang
|
Beunang
|
Kenging
|
beuteung
|
padaharan
|
Patuangan
|
cekel, nyekel
|
Nyekel
|
Nyepeng
|
Ceuli
|
Ceuli
|
Cepil
|
Ciduh
|
Ciduh
|
Ludah
|
cukup, mahi
|
Cekap
|
Cekap
|
cunduk, datang
|
Dongkap
|
sumping, rawuh
|
Daek
|
daek, purun
|
Kersa
|
Dahar
|
Neda
|
Tuang
|
dengé, ngadengé
|
nguping, mireng
|
Ngadangu
|
Diuk
|
Diuk
|
calik, linggih
|
Duit
|
Artos
|
Artos
|
duméh, lantaran
|
Jalaran
|
ku margi
|
Diri
|
Diri
|
Salira
|
Éléh
|
Éléh
|
Kawon
|
émboh,
tambah
|
Tambih
|
Tambih
|
embung
|
alim, narah (awéwé)
|
teu kersa
|
emet, saemét
|
Saeutik
|
Saeutik
|
Ganti
|
Ganti
|
Géntos
|
gancang
|
Énggal
|
Énggal
|
Gawé
|
Gawé
|
Damel
|
Gėlung
|
Gėlung
|
Sanggul
|
Goréng
|
Goréng
|
Awon
|
guguling
|
Guguling
|
Pepedék
|
gura-giru
|
gura-giru
|
énggal-énggal
|
Heuay
|
Heuay
|
Angob
|
hudang
|
Hudang
|
Gugah
|
Hutang
|
Hutang
|
Sambétan
|
Imah
|
rorompok
|
Bumi
|
Injeum
|
Tambut
|
Tambut
|
Inum
|
Inum
|
Leueut
|
Irung
|
Irung
|
Pangambung
|
kapalang, kagok
|
kapambeng
|
Kapambeng
|
Kawin
|
Nikah
|
jatukrami, réndéngan
|
Kede
|
Kenca
|
Kiwa
|
Kelek
|
Kelek
|
Ingkab
|
kedeng, ngėdeng
|
Ngėdeng
|
Ébog
|
Kiih
|
kahampangan
|
Kahampangan
|
kongkorong
|
kangkalung
|
Kangkalung
|
Kudu
|
Kedah
|
Kedah
|
Kungsi
|
Kantos
|
Kantos
|
Labuh
|
Labuh
|
Géubis
|
lahun, ngalahun
|
Ngalahun
|
Mangkon
|
Laju
|
Laju
|
Lajeng
|
lanceuk
|
pun lanceuk
|
tuang raka
|
Lapar
|
Lapar
|
palay tuang
|
leumpang
|
leumpang
|
Angkat
|
Leuwih
|
Langkung
|
Langkung
|
Mahal
|
Awis
|
Awis
|
Malem
|
Wéngi
|
Wéngi
|
maksud
|
Maksad
|
Maksad
|
Maot
|
Maot
|
pupus, tilar dunya
|
Murah
|
Mirah
|
Mirah
|
Poho
|
Hilap
|
Lali
|
Poé
|
Dinten
|
Dinten
|
Puasa
|
Puasa
|
Saum
|
purun
|
Purun
|
Kersa
|
Rarabi
|
Rarabi
|
Garwaan
|
rampés
|
Manga
|
mangga, jst
|
(Sumber: Bagbagan
Makéna Basa, Karna Yudibrata spk., 1989)
Dumasar
kana conto ragam basa nu aya dina tabél di luhur, saéstuna teu aya kecap anu
hésé. Pibasaeuana téh lain hésé meureun, can biasa. Ku lantaran kitu anu
penting mah nyaéta ngabiasakeun ngagunakeun ragam basa anu bener jeung merenah
dina kahirupan sapopoé. Da basa mah bisa lantaran biasa. Urang salaku guru nu
kudu pangheula méré conto ku paripolah basa nu bener tur merenah. Mun murid
nyieun kasalahan dina ngalarapkeun ragam basana, ulah diéngkékeun deui, gancang
benerkeun ku ragam basa nu merenah.
Disagedéngeun
éta, patali jeung masalah karakteristikna, parasiswa kudu diaping, dibebenah,
jeung dibebener paripolahna. Kumaha tata-titina lamun nyarita ka saluhureun, ka
sasama jeung ka sahandapeun nu merenah. Ti mimiti hal nu leutik, upamana waé:
cara diuk nu sopan, cara dahar anu sopan, mun heuay kudu kumaha, mun batuk kudu
kumaha pétana nu sopan, jsb.
Paripolah
katut lampah nu ngébréhkeun karakteristik sapopoé éstu kudu bener-bener
diaping, ditalingakeun, boh ku guru (di sakola) boh ku kolotna (di imah) kitu
deui ku sing saha baé nu ngarti jeung nyaho (di masarakat) kana tatakrama Sunda
nu bener. Ngawangun karakter mah lain ngan wungkul tanggung jawab sakola
(guru), tapi mangrupa kawajiban jeung tanggung jawab balaréa (masarakat).
Nu dimaksud karakteristik téh taya lian
nyaėta tatakrama, sopan santun.
Tatakrama anu patali jeung basa nyaėta ku cara ngagunakeun basa lemes
atawa basa sopan. Ari tatakrama anu patali jeung fisik mah nyaėta ku rengkuh.
Fungsi tatakrama téh nyaėta: (1) fungsi
personal; (2) fungsi sosial, nyaėta pikeun nuduhkeun kaluwésan dina hirup
kumbuh; (3) fungsi kultural; (4) fungsi edukasional; (5) fungsi integratif;
jeung (6) fungsi instrumental
Aya sababaraha faktor anu bisa mangaruhan kana paripolah gaul sapopoé,
nyaėta (1) sikep nyarita anu basajan; (2) beunguut anu marahmay; (3) tata cara
gaul; (4) tata cara ngagunakeun pakėan; (5) pangawėruh anu jembar Tatakrama anu
patali jeung dangdanan: (a) cara milih jeung makė baju; (b) karesikan awak; (c)
cara diuk; (d) cara leumpang; (e) cara dahar; (f) cara unggėuk atawa gigidéug;
jeung (g) cara séjénna anu bisa numuwuhkeun batur bisa kataji, resep,jeung
ajrih.
Dina emprona urang gaul di masarakat, urang kudu
nyaho kana (1) keur di mana urang tėh, (2) kumaha kaayaan sabudeureun urang,
jeung (3) saha nu rėk disanghareupan ku urang tėh. Dumasar kana hal ėta,
tatakrama gaul di masarakat tėh kudu (a) merhatikeun ka batur, (b) ngawanohkeun
diri, (c) ngucapkeun salam, (d) nyarita nu sopan/hormat, (e) imut, (f) ngalayad
nu teu damang, (g) ngalayad nu dikantunkeun maot.
No comments:
Post a Comment