Istilah tatakrama diwangun ku dua kecap, nyaėta kecap tata (basa Kawi) jeung kecap krama (Sansėkėrta). Ari hartina tata nyaėta aturan, adat, kaidah, norma;.
dina
hirup kumbuh sapopoé antara makėna basa lemes jeung rengkuh tėh ngahiji, teu
dipisah-pisah. Paripolah anu dibarengan ku tatakrama anu hadė tinangtu bakal
loba anu resep, simpati, hormat jeung santun.
Tatakrama
dina hirup kumbuh sapopoé miboga kalungguhan atawa fungsi, kayaning:
1. Fungsi
personal, nyaėta pikeun nuduhkeun ajėn-inajėn pribadi;
2. Fungsi
sosial, nyaėta pikeun nuduhkeun kaluwésan dina hirup kumbuh;
3. Fungsi
kultural, nyaėta pikeun nuduhkeun kaluhungan budi;
4. Fungsi
ėdukasional, nyaėta pikeun ngabėdakeun nyakola jeung teu nyakola;
1. Fungsi
integratif, nyaėta pikeun nuduhkeun kalungguhan kumaha patula-patalina dina
sistem kamasarakatan;
2. Fungsi
instrumental, nyaéta pikeun nuduhkeun ngahontalna hiji tujuan, jeneng henteu
jeneng.
Dina
hirup kumbuh masarakat, tatakrama tėh meredih paripolah ti unggal anggota
masarakat anu magėuhan kana kaédah atawa norma-norma moral baku, boh kaidah anu
patali jeung ungkara basa boh kaédah nu patali jeung paripolah fisik (rengkuh).
Ėta norma moral anu dipiara ku masarakat tėh dipupusti pikeun kahadėan anggota
jeung kelompokna sorangan.
Lamun
nepi ka kajadian ti antara anggota masarakat ngarumpak atawa henteu makė
tatakrama, balukarna bisa ngarugikeun dirina sorangan, malah bisa waé mawa eunyeuh ka kelompokna. Contona: di hiji
kulawarga gėus biasa dina komunikasi sapopoéna tėh ngagunakeun basa lemes pon
kitu deui rengkuhna, hartina tatakramana alus. Kajadian ti salahsaurang anggota
kulawargana ngarumpak tatakrama, sebut wéh basana kasar, teugėug, jsb.
Ėta
anggota kulawarga anu ngarumpak norma tėh gėus tangtu bakal rugi, rugi sacara
moral, sakurang-kurangna meunang pangwawadi anu pait, béh dituna bakal dijauhan
atawa dipikangéwa ku anggota kulawarga séjénna atawa di lingkungan masarakat nu
leuwih lega
Jadi tatakrama anu biasa ku urang sok dihartikeun sopan
santun tėh enas-enasna mah méré pangajén ka batur ku basa jeung paripolah anu
hadė. Ari tatakrama mangrupa bubutuh sakumna manusa anu rumasa sok ngalakukan
komunikasi jeung papada hirupna, antara awéwé jeung lalaki, budak jeung kolot,
awéwé jeung awéwé, lalaki jeung
lalaki,
budak jeung budak, kolot jeung kolot. Dina unggal gebagan kahirupan tetep kudu
makė tatakrama. Ngajénan batur hartina ngajénan diri sorangan, ngahina batur
hartina ngahina diri sorangan.
Sudaryat (2014, kaca 230) nétélakeun ari tatakrama Sunda tėh
dipasing-pasing jadi: (1) tatakrama basa; (2) tatakrama paripolah; (3)
tatakrama gaul; jeung (4) tatakrama hirup kumbuh di masarakat. Nu kahiji
tatakrama basa patali jeung ragam basa anu dipakė, saha nu nyarita, saha nu
diajak nyarita, ngeunaan naon
nu
dicaritakeun, di mana jeung iraha nyaritana, naon tujuanana jeung kumaha
kayaanana. Cara ngagunakeun basa dina basa Sunda gėus diatur dina Undak Usuk
Basa Sunda. Aya sababaraha pamanggih ngeunaan Undak
Usuk
Basa Sunda tėh, tapi nu paling popular mah sakurang-kurang aya dua, nyaėta
basa lemes jeung basa kasar. Tina hasil
kongrės Basa Sunda di Garut taun 2001, aya kasapagodosan yén ragam basa Sunda
tėh dibagi dua nyaėta ragam basa hormat jeung ragam basa loma. Ragam basa
hormat dibagi deui aya ragam basa hormat
keur ka batur jeung aya ragam basa hormat keur ka diri sorangan.
Sudaryat
(2014, kaca 230) ngabėdakeun tatakrama basa Sunda tėh jadi tilu rupa nyaėta (1)
basa lemes, ngawėngku lemes keur ka batur jeung lemes keur ka sorangan; (2)
basa kasar; jeung (3) basa wajar (sedeng, netral). Nu kadua, tatakrama anu
patila jeung rengkuh (body languagė).
Aya sababaraha faktor anu bisa mangaruhan kana
paripolah gaul sapopoé, nyaėta (1) sikep nyarita anu basajan; (2) beungeut anu
marhmay; (3) tata cara gaul; (4) tata cara ngagunakeun pakėan; (5) pangawėruh
anu jembar (Yudibrata dkk, 1986 kaca 140). Tatakrama anu patali jeung
dangdanan: (a) cara milih jeung makė baju; (b) karesikan awak; (c) cara diuk;
(d) cara leumpang; (e) cara dahar; (f) cara unggėuk atawa gigidéug; jeung (g)
cara séjénna anu bisa numuwuhkeun batur bisa kataji, resep,jeung ajrih.
No comments:
Post a Comment