Téks
Déskripsi
Istilah déskripsi téh asalna tina basa Latén describere, anu hartina ngagambarkeun hiji hal. Nurutkeun Keraf
(2007: 2), téks déskripsi mangrupa hiji wangun karangan anu patali jeung usana
nu nulis pikeun nepikeun gambaran rinci tina obyék anu dicaritakeun. Nurutkeun
Rusyana (1984: 136), déskripsi téh mangrupa karangan anu ngagambarkeun hiji
hal, nétélakeun naon-naon anu diindera, tur ngagambarkeun parasaan jeung
paripolah jiwa dina wangun kalimah.
Ari nurutkeun Yunus (2008: 46) téks
déskripsi téh mangrupa hiji wangun karangan anu ngagambarkeun hiji hal
sajéntré-jéntréna nepi ka nu maca siga nyaksian atawa ngalaman langsung hal anu
digambarkeunana. Ngaliwatan déskripsi, nu nulis téh mindahkeun kesan, hasil
niténan, jeung parasaanana ka nu maca. Anu digambarkeun téh ngawengku sipat,
ciri, jeung pertélaan wangun anu nyampak dina obyék anu digambarkeunana.
Hal anu didéskripsikeun téh teu kawatesanan, bisa
naon-naon anu katingali, kareungeu, kaambeu, jeung karasa ku pancaindera, bisa
deuih naon-naon hal anu karasana ku haté jeung pikiran kawas rasa sieun,
geuleuh,
nyaah, sedih, jsté. Pon kitu deui suasana anu gelar tina hiji situasi kayaning
geueuman, morérétna panonpoé, atawa suasana romantis ogé bisa jadi obyék
déskripsi.
Ceuk Finoza
(2009: 2014), téks déskripsi dihasilkeun kalawan napak dina tujuan pikeun
nyiptakeun hiji pangalaman dina diri nu macatur méré idéntitas atawa informasi
ngeunaan hiji obyék nepi ka nu maca bisa kenal nalika adu hareupan langsung
jeung obyék anu dicaritakeun téa. Ku éta hal, nu nulis téks déskripsi kudu
nyampakkeun kekecapan anu mérénah dina ngagambarkeun hiji obyék luyu jeung
gambaran saéstuna tina éta obyék. Saupama éta hal kahontal, gambaran obyék téh
bisa ngagelarkeun imajinasi anu hirup tur atra ngeunaan sipat, ciri, atawa
hakékat obyék anu didéskripsikeunana.
Sangkan éta
tujuan kahontal, aya tilu hal anu kudu dicangking ku nu nulis téks déskripsi.
Nurutkeun Akhadiah (2001: 37-38), éta tilu hal téh ngawengku: 1) kaparigelan
basa nu nulis dina aspék kabeungharan jeung wangun kecap; 2) katalitian dina
prosés niténan jeung samaktana pangawéruh ngeunaan sipat, ciri, jeung wangun
obyék anu didéskripsikeun; jeung 3) kaparigelan milih ciri détail anu has
sangkan bisa ngagambarkeun hiji hal kalawan panceg jeung hirup.
Tina pedaran
di luhur bisa dicindekkeun yén téks déskripsi téh nyaéta wangun karangan anu
sajéntréna ngagambarkeun hiji hal ngaliwatan kekecapan anu mérénah luyu jeung
gambaran saéstuna tina éta obyék nepi ka informasi nu ditétélakeun bisa
ngahirupkeun kesan jeung daya hayal anu jero pikeun nu maca.
1. Wangun
Téks Déskripsi
Ibu kalih Bapa guru basa
Sunda, ciri pangpokona tina téks déskripsi téh nyaéta méré gambaran anu rinci
tina hiji obyék anu dicaritakeunana. Téks déskripsi sabisa-bisa kudu matak
nimbulkeun kesan ka nu macana, carana bisa dicirian ku ayana gambaran perkara
hiji hal kalawan luyu jeung kaayaan sabenerna. Aya deuih téks déskripsi anu teu
ngudag gelarna
kesan
nu maca, tapi ari gambaran obyékna mah sabisa-bisa kudu tetep luyu jeung
kaayaan sabenerna.
Patali
jeung éta hal, nurutkeun Widagdho (2000: 112-113) sakurangna aya genep wangun
téks déskripsi. Ieu dipedar hiji-hijina.
a. Déskripsi Ékspositoris
Déskripsi ékspositoris nyaéta téks déskripsi anu ukur
hayang méré nyaho hiji hal ka nu macana kalawan taya udagan sangkan gelar kesan
nu tangtu dina diri nu macana.
b. Déskripsi Imprésionistik
Déskripsi imprésionistik nyaéta téks déskripsi anu ngudag
tujuan sangkan gelar kesan nu tangtu dina diri nu macana, kayaning resep,
sieun, geuleuh, jsté. Sangkan éta udagan kahontal, nu nulis kudu némbongkeun
atawa ngadadarkeun obyék sajéntré-jéntréna, panceg, jeung satékah polah karasa
hirupna. Carana mah bisa ku ngagunakeun pilihan kecap anu mérénah (pas) tepi ka
kalimahna bisa ngahadirkeun obyék nu dicaritakeun ka hareupeun nu macana.
c. Déskripsi Sugésti
Déskripsi sugésti nyaéta téks déskripsi anu nyiptakeun
daya hayal (imajinasi) nu macana ngaliwatan ungkara-ungkara pinilih pikeun
ngagambarkeun ciri, sipat, jeung watek hiji obyék.
d. Déskripsi Téhnis
Déskripsi téhnis nyaéta téks déskripsi anu mérélékeun
idéntifikasi atawa informasi ngeunaan hiji obyék nepi ka nu maca bisa kenal
kana obyék nu didadarkeun nalika panggih langsung jeung obyékna.
e. Déskripsi Tempat
Déskripsi témpat nyaéta
téks déskripsi anu nyantélkeun dadaran perkara hiji tempat kana kajadian atawa
hal anu dicaritakeun dina hiji
obyék. Ari témpat téh mibanda peran anu kawilang penting
dina unggal kajadian. Unggal carita salawasna mibanda kasang tukang témpat.
f. Déskripsi Jalma
Déskripsi jalma nyaéta téks déskripsi anu patali jeung
dadaran obyék anu mangrupa jalma. Dadaran perkara jalma téh lain baé kumaha
anatomina, tapi deuih budi parangi jeung aspék kajiwaan anu dipibandana.
2. Pamarékan
Téks Déskripsi
Nurutkeun Finoza (2009: 241), pamarékan dina
ngadéskripsikeun hiji hal téh bisa diklasifikasikeun jadi tilu pamarékan,
ngawengku pamarékan réalistis, imprésionalistis, jeung dumasar sikep nu
nulisna. Ieu dipedar hiji-hijina.
a. Pamarékan Réalistis
Dina pamarékan réalistis, nu nulis ngusahakeun sangkan
déskripsi anu ditulisna luyu jeung kaayaan sabenerna
saobyéktif-obyéktifna.Unggal bagian didadarkeun méh kawas dipotrét aslina. Sok
sanajan, taya déskripsi anu bisa sarua persis jeung kaayaan sabenerna sakumaha
anu katingali ku panon.
b. Pamarékan Imprésionalistis
Imprésionalistis téh mangrupa pamarékan anu ngusahakeun
sangkan gambaran hiji hal kalawan subyéktif luyu jeung imprési nu nulisna.
Nu nulis satékah polah ngagambarkeun hiji hal dumasar
kesan anu dicangkingna, sipatna subyéktif. Bagian-bagian anu didéskripsikeun
téh ku nu nulis dipilah-pilah atawa diseléksi kalawan gemet, terus
diinterpréasikeun. Fakta-fakta anu dipilih dicantélkeun jeung udagan éfék anu
hayang ditémbongkeun.
c. Pamarékan Sikep Nu Nulisna
Pamarékan dumasar sikep nu nulisna gumantung kana udagan
anu hayang dihontal, sipat obyékna, jeung nu macana. Nu nulis kudu panceg heula
dina aspék sikep nu hayang ditémbongkeun. Rincian ngeunaan hiji hal anu taya
pakaitna atawa baris nimbulkeun ambigu kudu disingkahan ku nu nulis.
3. Conto
Téks Déskripsi
Sadérék guru basa Sunda, ieu di handap aya conto téks
(wacana) anu kaasup kana wangun téks déskripsi.
Kasenian Celempung Ti Cibuluh Kab. Subang
Pikeun hidep anu sapopoéna hirup di kota, tangtu bakal
anéh ngadéngé kasenian celempung. Tapi pikeun barudak lembur Bolang, Cibuluh
Kab. Subang mah celempung téh geus jadi kaulinanana sapopoé. Pikeun nambahan
pangawéruh hidep kana kasenian Sunda, regepkeun geura ieu pedaran!
Gambar
Barudak keur Maen Celempung
Celempung téh hiji alat waditra anu bahanna tina awi,
bisa awi hideung, awi tali, awi gombong, atawa awi naon baé. Awi nu rék dijieun
celempung, mangrupa awi guluntungan, panjangna dua buku atawa dua ruas. Bagéan
puhuna dibolongan, kitu deui bagéan tengahna. Hinis bagian hareu disebit, atawa
dicokél kalayan legana hinis nu disebit kira-kira sagedé curuk kolot. Hinis nu
disebit lobana dua lambar, jarakna opat sénti. Anu tukang ditunjel bagian
tengahna, demi hinis bagéan hareup maké babantal, rubakna 4 cm, panjangna 4,5
cm, dipasang lebah liang resenator.
Hinis anu
tukang minangka kawat atawa senarna, ari anu hareup pungsina keur ngagoongan.
Bolong bagéan puhu beulah kénca pungsina keur ngandangan.
Di wewengkon kampung Bolang Cibuluh, seni celempung ku
alpukahna komunitas ”Hong” pimpinan Moch. Zaini diadumaniskeun jeung keprak
sarta dieuyeuban ku dogdog. Pangna dirarankénan ku keprak jeung dogdog sangkan
leuwih euyeub tur dinamis.
Seni celempung asalna mah lain seni pintonan, tapi
mangrupa alat keur kaulinan atawa cocooan barudak. Méh di saban lembur dina
mangsa urang Sunda masih kénéh dalit jeung dapuran awi, alat kaulinan téh
réréana mah tina awi di antarana alat kaulinan anu sok dipaké mirig kakawihan
nya éta celempung.
Biasana celempung dipaénkeunana ku sorangan, atawa dina
wangun tunggal, éta téh magrupa gambaran masarakat pahumaan, nu hirupna loba
nyorangan. Teu anéh mun di lingkungan masarakat pahumaan medak alat-alat
kasenian nu bisa dipaénkeun ku sorangan. Seni celempungan nu geu ditata jadi
seni pintonan, henteu dipidangkeun kalawan tunggal, tapi dina wangun énsamble.
Éta téh cenah mah sangkan sorana mibanda warna anu rupa-rupa. Enya baé seni
celempungan nu geus diolah ku komunitas ”Hong” téh bisa ngahasilkeun wanda
anyar. Sakapeun sorana ngaharib-harib sora réak, sakapeung kawas nu réréogan,
tapi sora celempungan kadéngé masih kénéh atra. Tapi palebah helaran, sora
celempung kasilep ku sora dogdog. Dina lebah dieu boh jumlah boh ukuran
celempung kudu leuwih undak, sangkan bisa ngimbangan sora dog-dog.
Seni celempung lian ti keur pakét pintonan, ogé keur
lahan atikan. Ngaliwatan seni celempung, komunitas ”Hong” hayang méré atikan ka
barudak sangkan mikawanoh kana banda budayana. ”Sanajan jauh ka dayeuh, ari
pangaruh budaya deungeun mah geus mahabu
Ku asupna
télévisi ka padésaan, barudak geus dibibita ku rupa-rupa hiburan jeung alat kaulinan
nu teu luyu jeung jati dirina. Mudah-mudahan wé ari hantem dikeureuyeuh mah
diwanohkeun kana seni jeung kaulinan tradisi, barudak jeung kaum rumaja téh
mibanda rasa kanyaah jeung kareueus kana budayana. Sabenerna
lain keur hidep anu hirup di pilemburan wungkul harepan saperti kitu téh,
pangpangna mah keur hidep anu hirup di kota-kota, nu sapopoéna eus méh cul
pisan kana seni jeung kaulinan tradisi. Sanajan henteu bari jeung prakna tapi
minimal geus kungsi nyaho yén hasanah kasenian Sunda téh pohara beungharna,
salahsahijina nya éta seni celempung.
(dicutat tina “Suara Cangkurileung”, No. 197/ 2008)
m88 m88 betway login betway login 우리카지노 우리카지노 메리트카지노 메리트카지노 바카라사이트 바카라사이트 カジノ シークレット カジノ シークレット sbobet ทางเข้า sbobet ทางเข้า 다파벳 다파벳 카지노사이트 카지노사이트 1xbet korean 1xbet korean 677
ReplyDelete