Thursday, July 27, 2017

Narasi



Watesan Téks Narasi
Istilah narasi sok disebut ogé naratif asalna tina kecap basa Inggris narration (carita) jeung narrative (nu nyaritakeun).
 Gie (2002: 5) nétélakeun yén téks narasi téh nyaéta hiji wangun karangan anu nepikeun hiji kajadian atawa pangalaman dina runtuyan waktu ka nu maca kalawan udagan sangkan méré kesan perkara parobahan atawa gerak hiji hal ti awal tepi ka ahir. Ari nurutkeun Keraf (2007: 136), téks narasi mangrupa jenis karangan anu narékahan ngagambarkeun hiji kajadian anu geus lumangsung kalawan saécés-écésna ka nu maca.
Teu jauh béda jeung watesan téks narasi nu diasongkeun ku sawatara ahli basa di luhur, nurutkeun Suparno jeung Yunus (2007: 31), téks narasi nyaéta karangan nu ngusahakeun nepikeun informasi kajadian nurutkeun runtuyan kajadianana (kronologis). Udagan anu hayang dihontalna nyaéta méré harti kana éta kajadian nepi ka nu maca bisa narima hikmahna.
Tina rupa-rupa watesan téks narasi nu diasongkeun ku para ahli basa di luhur, bisa dicindekkeun yén téks narasi téh nyaéta hiji wangun karangan nu ngusahakeun nyaritakeun hiji kajadian kalawan kronologis.

2.   Ciri-CiriTéks Narasi
Nurutkeun Semi (1993: 33), téks narasi mibanda ciri-ciri anu tangtu. Éta ciri téh di antarana nyaéta:
a.   mangrupa carita ngeunaan kajadian atawa pangalaman manusa;
b.   kajadian anu ditepikeun téh mangrupa kajadian anu enya-enya lumangsung, bisa ogé imajinasi, atawa gabungan antara kajadian anu enya-enya lumangsung jeung imajinasi;
c.   nekenkeun susunan kronologis; jeung
d.   biasana aya dialog.
Ari nurutkeun Suparno jeung Yunus (2008: 41), ciri anu panghasna tina téks narasi téh nyaéta biasana téks narasi mah nyaritakeun palaku anu kalibet langsung dina hiji kajadian anu dicaritakeunana.



3.   Prinsip-Prinsip Téks Narasi
Nurutkeun Suparno jeung Yunus (2008: 39-46), prinsip-prinsip téks narasi téh ngawengku ieu di handap.
a.    Galur
Galur dina téks narasi mangrupa rangka dasar anu penting pikeun ngatur kumaha paripolah-paripolah kudu silipakait dina hiji gemblengan waktu. Aspék-aspékna ngawengku: (1) mitembeyan; (2) gelarna konflik; (3) konflik naék; (4) klimaks; jeung (5) ngungkulan pasualan.
b.    Palaku
Dina téks narasi, taya watesan perkara réana palaku. Anapon kitu, perlu jadi tinimbangan patali jeung aspék pungsional atawa henteuna éta palaku ditampilkeun dina prakna ngawangun carita sangkan karangan anu disusun arahna bisa kakontrol.
c.    Kasang Tukang
Dina téks narasi, aya kasang tukang tempat jeung waktu anu ditémbongkeun, tapi sakapeung mah tara disebutkeun kalawan écés.
d.    Puseur Sawangan
Puseur sawangan dina téks narasi penting pikeun ngajawab saha anu nyaritakeun hiji kajadian. Nalika nu nyaritakeun (narator) béda antara nu hiji jeung nu lianna, détail caritana ogé bisa jadi béda. Kalungguhan nu nyaritakeun  téh bisa: (1) narator nu sagala apal; (2) narator obyéktif; (3) narator milu aktif; jeung (4) narator salaku panitén.
4.   Wanda Téks Narasi
Téks narasi aya dua wanda, ngawengku narasi ékspositoris jeung narasi sugéstif.


a.   Narasi Ékspositoris
Téks narasi ékspositoris mibanda tujuan pikeun mangaruhan pikiran nu maca sangkan haat mikanyaho naon-naon anu dicaritakeun. Hal anu dicaritakeun utamana ngeunaan kalumangsungan hiji kajadian, dicaritakeunana dina wujud runtuyan kajadian atawa paripolah nepi ka nu maca bisa nambahan pangawéruhna.
b.   Narasi Sugéstif
Téks narasi sugéstif disusun sangkan kajadian anu dicaritakeun disanghareupan tur diréspon ku nu maca ngaliwatan parasaanna. Narasi sugéstif mérélukeun ayana kasayagaan méntal anu samapta ti nu macana, nepi ka nu maca téh bisa némbongkeun rasa simpati jeung émpatina kana kajadian anu dicaritakeun.
5.   Conto Téks Narasi
Ieu di handap aya conto téks narasi!
Kaduhung Baha Ka Emah
Jam sabelas tos wangsul ti sakola. Abdi atoh pisan kumargi tiasa ameng heula sareng réréncangan. Ti kelas kénéh tos badami badé ménbal di lapang tukangeun pabrik. Bring wéh abdi sareng réréncangan anu tos baradami lalumpatan muru lapang. Dugi ka lapang, teras gentos seragam ku acuk ameng, ari sapatu mah teu dibuka, kumargi upami teu nganggo sapatu sieun kacugak.
Tapi hanjakal cuacana aleum, teu sapertos saméméhna cerah pisan. Sareng réréncangan sepakat sanajan hujan kukumaha ogé maen bal ulah batal, meungpeung aya waktu seueur. Tos kitu mah der wéh maén, nembé ogé lima belas menit hujan tos breg mantén, tapi asa teu kahalangan, malih asa beuki resep lantaran teu karaos panas sareng bayeungyang. Nuju raraména maén, Ogi geubis mani ngagedebut dugi ka teu tiasa cengkat-cengkat acan.
 Ku saréréa diburu kumargi sieun kumaonam, leres wé....sampéan Ogi misalah. Ari tos kitu mah sadayana lirén, tapi bingung ku Ogi, sieun diseuseulan ku ibu sareng bapana. Mangkaning basa badé maén bal téh teu wawartos heula. Dugi ka adan Asar, Ogi masih kénéh haharegungan, sampéanna nyerieun. Atuh kapaksa sieun-sieun ogé abdi ngawartosan ibuna Ogi nu aya di bumi. Bari jalalibreg sareng acuk kotor, abdi keketrok bari uluk salam,
“Assalamu’alaikum........!”
“Wa,alaikum salam....!” ti lebet bumi aya nu ngawaler, saterasna panto muka. Bray! Katingal ibuna Ogi siga anu reuwas ningalieun abdi kabulusan. Teu acan ogé abdi éngab, ibuna Ogi tos mayunan naros, “Euleuh, ti mana ari Izal, ari Ogi mana?” saurna. Abdi teu énggal-énggal ngawalerna da kasima sareng sieun diseuseulan.
“Waler Izal, ari Ogi di mana?” saurna deui, keukeuh naroskeun Ogi.
“eu,eu,euh... Ogi geubis di lapang basa nuju maén bal, ayeuna nuju ditarungguan ku réréncangan. Di saung, pengkereun pabrik,” cék abdi. Sanajan sieun-sieun ogé kapaksa wé wawartos.
“Alah siah, Bapana! Naha boga budak téh bedegong-bedegong teuing, bangkarwarah....,” Ibuna Ogi kukulutus, sareng nu sanésna deui, duka naon nu dicarioskeunana. Da abdi mah saatos wawartos langsung lumpat muru deui ka réréncangan nu nuju ngarantosan.
Dugi ka saung tempat réréncangan anu tadi ngarantosan, kasampak tos teu aya sasaha. Luak-lieuk ka ditu ka dieu, tiiseun ngan berengbeng wéh abdi muru ka bumi. Kinten sapuluh léngkaheun deui dugi ka bumi, abdi ngarandeg heula, ningalian di saluareun bumi bilih aya Emah atanapi apa nuju ngantosan. Ah, salamet teu aya sasaha. Janten moal tarerangeun abdi tos maén bal bari huhujanan. Upami dugi ka bumi, badé langsung ka jamban, teras ibak. Acuk anu kalotor badé dikeueumann, bilih Emah atanapi Apa naros, alesanana kapegat hujan wéh.
Nuju anteng mikir pilakueun, jegug téh aya anjing ngaherengan. Atuh puguh waé abdi ngajerit reuwas, bari lumpat muru ka bumi. Teu ningali ka sisi ka gigir, panto didupak, kumargi sieun diudag anjing.
Dugi ka bumi, abdi langkung reuwas alahbatan tadi. Kumargi Emah sareng Apa tos nyampak payuneun. Emah langsung naros, “Tos ti mana ari Izal? Nu jadi kolot mah sakieu hariwangna bisi cilaka jabaning hujan. Sing ngagugu atuh ka kolot téh, ulah huhujanan. Sabataé ari halodo mah, pék téh teuing moal dihalang-halang. Emah mah nyaah nyarék sotéh. Kumaha lamun kabéntar gelap, atuh béh dieuna rieut. Lamun gering, Izal moal bisa sakola angger kolot-kolot kénéh nu riweuh mah,” saur Emah gegelendeng.
Abdi teu wantun némbal margi rumaos lepat, tos baha ka nu janten sepuh, diwawadian teu ngagugu.

(Dicutat tina Manglé no. 2099/2007)
Sangkan mampuh ngahontal tujuan sakumaha ditétélakeun di luhur, para guru dipiharep ngalaksanakeun kagiatan diajarkalawan daria. Kalawan gurat badag, kagiatan diajar anu kudu dilaksanakeun ku Sadérék  ngawengku kagiatan-kagiatan:
1.   niténan tujuan jeung indikator;
2.   maca pedaran matéri ngeunaan téks Nnarasi;
3.   diskusi kelompok pikeun migawé latihan/pancén;
4.   maca tingkésan matéri;
5.   néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihan/pancén; jeung
6.   tanya jawab jeung fasilitaor lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 4.

Sangkan pangawéruh Sadérék ngeunaan paribasa leuwih jero jeung onjoy, prak pigawé kalawan gemet ieu latihan di handap.
1.   Tétélakeun kalawan panceg watesan téks narasi, boh nurutkeun para ahli boh nurutkeun pamanggih sorangan!
2.   Tataan rupa-rupa wanda téks narasi!
3.   Tétélakeun ciri-ciri téks narasi!
4.   Tétélakeun prinsip-prinsip téks narasi!
5.   Dina bagian pedaran matéri di luhur aya conto téks narasi anu judulna “Kaduhung Baha ka Emah”. Prak tataan runtuyan kajadian dina éta conto téks narasi!
Téks narasi téh nyaéta hiji wangun karangan nu ngusahakeun nyaritakeun hiji kajadian kalawan kronologis.
Téks narasi mibanda ciri-ciri anu tangtu, kayaning: (a) mangrupa carita ngeunaan kajadian atawa pangalaman manusa; (b) kajadian anu ditepikeun téh mangrupa kajadian anu enya-enya lumangsung, bisa ogé imajinasi, atawa gabungan antara kajadian anu enya-enya lumangsung jeung imajinasi; (c) nekenkeun susunan kronologis; (d) biasana aya dialog; jeung (e) biasana téks narasi mah nyaritakeun palaku anu kalibet langsung dina hiji kajadian anu dicaritakeunana.
Prinsip-prinsip téks narasi téh museur dina hal-hal sabudeureun galur, palaku, kasang tukang, jeung puseur sawangan
Téks narasi aya dua wanda, ngawengku narasi ékspositoris jeung narasi sugéstif

No comments:

Post a Comment