Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah
séjén sok aya nu nyebut alih basa.Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh
karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna
dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi
séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap,
ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.
Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an)
kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu
"geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu
bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.
Kaedah-kaedah narjamahkeun prosa:
1.
Mahaman eusi teks anu ditarjamahkeun (dima’naan)
2.
Merhatikeun galur carita
3.
Kudu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna atawa paham kana maksud pangarang
Kaedah-kaedah anu ngabedakeun dina narjmahkeun wangun prosa jeung sajak:
1.
Narjamahkeun prosa mah itungannna kalimah per kalimah sedengkeun dina
sajak mah kecap per kecap (leuwih bangga)
2.
Dina narjamahkeun sajak henteu cukup modal kamampuh ngagunakeun basa
aslina tapi kudu weuruh kana basa sarta budaya hasil tarjamahnna
3.
Anu narjamahkeun sajak mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan,
pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun metaphor, pangalaman ulin
jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi.
Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:
a. nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun
b. maca dina jero hate (maca ngilo)
c. paham kana
alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)
d. nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna
e. mariksa hasil nerjemahkeun
No comments:
Post a Comment