Monday, July 24, 2017

Kawih



KAGIATAN DIAJAR 11
WANGUN JEUNG EUSI RUMPAKA KAWIH

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 11 anu patali jeung materi “wangun jwung eusi rumpaka kawih”, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun ngajéntrékeun opat hal, nyaéta:
1.      wangenan rumpaka kawih;
2.      bédana  rumpaka kawih jeung rumpaka tembang;
3.      struktur rumpaka kawih; jeung
4.      wangun jeung eusi rumpaka kawih.

Indikator hontalan kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta ngaidéntifiksi wangun rumpaka kawih.  Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi opat, nyaéta:
1.    wangenan rumpaka kawih;
2.    bédana rumpaka kawih jeung rumpaka tembang;
3.    struktur rumpaka kawih; jeung
4.    wangun jeung eusi rumpaka kawih.

1.    Wangenan Rumpaka Kawih
Saméméh maham kana wangenan rumpaka kawih, pék baca heula conto rumpaka kawih ieu di handap.
ISOLA
Sanggian         : Nano S.
Laras               : Pélog
Surupan          : 1 = Tugu
Gerakan          : Sedeng
                                                Isola Bumi Siliwangi
                                                Liliwatan Bandung Lémbang
                                                Suku Tangkuban Parahu
                                                Ngabedega éndah agréng sigrong

                                                Isola pada muru ti jauhna
                                                Kajojo sa-Nusantara
                                                kader-kader keur harepan bangsa
                                                ti Isola mimitina
                       
Anu bieu dibaca ku Sadérék téh disebutna rumpaka kawih. Nilik kana wujudna mah, rumpaka kawih téh henteu béda jeung sajak. Rumpaka kawih téh saenyana mémang sajak ngan pédah sok dihaleuangkeun atawa dikawihkeun. Ilaharna dina rumpaka kawih mah aya unsur mélodi anu ngawéngku laras, surupan, wirahma, jeung susunan mélodi titi laras.
Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh; mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa témpo kalawan rumpaka atawa sair nu tangtu. Kawih biasana dipirig ku gamelan. Kawih biasana disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi (Ind: komponis), sok dihaleuangkeun ku sindén atawa jurusekar. Wangun ugeran, puisi, atawa sair anu dipaké midangkeun lalaguan, kawih, tembang (Indonesia: nyanyian), minangka katerangan tina téma atawa lirik lagu disebut rumpaka.
Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén rumpaka téh rék sarua jeung téks atawa lirik, anu duanana nuduhkeur harti puisi atawa sajak minangka bahan haleuangkeuneun (kawihkeuneun atawa tembangkeuneun). Dina kawih jeung tembang, istilah rumpaka leuwih cocog pikeun dilarapkeun ti batan kecap lirik. Ari sababna, lirik mah kaasup kana basa Indonésia. Rumpaka anu tujulna pikeun kawihkeuneun disebutna rumpaka kawih, ari rumpaka anu tujulna pikeun ditembangkeuneun disebutna rumpaka tembang.
 
Rumpaka kawih raket patalina jeung seni musik. Geus jadi kailaharan, seni musik dipilah jadi tilu rupa, nyaéta gending (instrumentalia), sekar (vokalia), jeung gabungan duanana (sekar-gending). Anu raket patalina jeung karya sastra nyaéta rumpaka kawih (Ind: lirik lagu), ari rumpaka kawih raket patalina jeung sekar. Ari sekar dina karawitan Sunda bisa dibagi-bagi jadi sababaraha rupa, nyaéta beluk, kakawihan, pupujian (nadoman), kawih, jeung tembang (Wibisana, 2000:266).
1.      Rumpaka Kawih jeung Tembang
Rumpaka kawih saenyana kagolong kana wangun ugeran (puisi) ngan pédah dihaleuangkeun. Atuh munasabah lamun rumpaka kawih ngandung unsur-unsur puisi, boh unsur lahiriah boh unsur batiniah. Ayeuna Saderék bakal diajar perkara rumpaka kawih minangka hiji wangunan puisi
Dina kahirupan masarakat Sunda aya kasenian anu disebut kawih, kakawihan, lagu, jeung tembang. Opatanana aya sasaruaan jeung aya bédana. Kawih jeung tembang téh aya bédana. Nurutkeun Rd. Mahyar Angga Kusumahdinata, kawih disebut sekar tandak, ari tembang disebut Sekar Irama Merdéka lantaran lagu-laguna teu kauger ku aturan wiletan. Nurutkeun M.A. Salmun, lagu-lagu dina kawih disebut ékaswara (monometraschematica) lantaran hiji engang ngan sok ngandung sanada. Sabalikna, ari tembang kagolong kana anékaswara (polymetraschematica) sabab réa engang anu ngan diwengku hiji sora waé (Wibisana, 2000).
Kawih nyaéta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh; mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa témpo kalawan rumpaka atawa sair nu tangtu. Kawih biasana dipirig ku gamelan. Kawih biasana disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi (Ind: komponis), sok dihaleuangkeun ku sindén atawa jurusekar. Kawih-kawih buhun atawa klasik saperti Polos Tomo. Ari “Aya Mangsana Datang Aya Mangsana Mulang” disebut kawih modéren.
Istilah “tembang ngandung harti lagu anu gelama dina pupuh (Danadibrata, 2006:692); lagu-lagu anu wangun rumpakana kaasup kana wangun dangding atawa guguritan (Rosidi, 2013:17). Tembang mangrupa seni sora dina wangun  

dangding atawa guguritan anu biasana dipirig ku waditra tur teu bébas rumpakana (kauger ku patokan pupuh). Tembang mangrupa seni sora lagu anu wirahmana bébas, ilaharna kauger ku pola pupuh atawa sa’ir lianna. Tembang biasana dipirig ku kacapi jeung suling. Aya rupa-rupa wanda tembang Sunda, di antarana, tembang beluk atawa macapat lagu (nembangkeun wawacan), Cianjuran (ti Cianjur), Ciawian (ti Ciawi, Tasikmalaya), jeung Cigawiran (ti Cigawir, Limbangan, Garut). Tembang umumna sok ngagunakeun lagu pupuh anu 17, najan aya anu tina papantunan jeung rajah dina carita pantun.
Dina tembang Cianjuran téh aya rupa-rupa wanda (kelompok lagu), nya éta papantunan, jejemplangan, rarancagan, jeung dedegungan. Jaba ti éta, lagu panambah, malah aya kakawén.
1)    Papantunan mangrupa  wanda tembang Sunda anu asalna tina puisi dina carita pantun, najan aya nu mangrupa guguritan, sisindiran, jeung rumpaka husus.
2)    Jejemplangan mangrupa wanda tembang anu ngagambarkeun suasana kagagas dina kaayaan jempling, rumpakana mangrupa guguritan, sisindiran, jeung rumpaka husus.
3)    Rarancagan mangrupa wanda tembang anu ngagambarkeun adegan jeung téhnik vokalna leuwih sederhana ti batan jejemplangan, rumpakana (guguritan, sisindiran, jeung rumpaka husus), larasna pélog, sorog, jeung saléndro.
4)    Dedegungan mangrupa wanda tembang anu adegan jeung téhnik vokalna leuwih luhur batan wanda tembang lianna, rumpakana guguritan, sarta larasna pélog.
5)    Lagupanambih mangrupa lagu-lagu tambahan kana tembang, biasana kagolong kana sekartandak, kauger ku wiletan, tapi jiwana tetep tembang.
Fungsi rumpaka dina lagu-lagu tembang Sunda aya dua rupa, nyaéta rumpaka sandingan (rumpaka anu bisa disandingkeun atawa ditembangkeun dina sababaraha lagu) jeung rumpaka sanggian (rumpaka anu ngahaja dijieunna pikeun salagu wungkul, tegesna rumpaka ngan bisa jeung biasa ditembangkeun dina hiji lagu nu tangtu).
Wangun rumpaka tembang Sunda nyoko kana patokan pupuh, anu disusun dumasar kana katangtuan guru gatra, nyaéta jumlah padalisan dina sapada; guru
wilangan, nyaéta jumlah engang dina sapadalisan; jeung guru lagu nyaéta sora tungtung vokal atawa dang-ding-dungna sora panungtung dina tiap padalisan.
Hubungan antara tembang Sunda jeung sastra lagu bisa ditabélkeun di handap ieu.
Tabel 9.1: Sastra Lagu
Tembang Sunda
Laras
Wangun Puisi
Lagam
Wanda Lagu
Pé-log
So-rog
Salén-dro
Pan-tun
Gugu-
ritan
Sisin-
diran
Rumpaka
Husus


Cianjuran
Papantunan
+


+
+
+
+
Jejemplangan
+



+
+
+
Dedegungan
+



+


Rarancagan
+
+
+

+
+
+
Panambih
+
+
+

+
+
+
Ciawian
Lulugu


+

+


Alok


+


+

Cigawiran
Lulugu


+

+



Conto rumpaka tembang papantunan:
MUPU KEMBANG
                                                Burudul ménak ti kidul,
                                                iringan para tumenggung,
                                                candakna angklung jeung degung,
                                                tutup kendang kulit lutung,
                                                dirarawat hoé wulung,
                                                dipirig ku hujan subuh,
                                                ditepak ku nu jarangkung.
                                                            Burudul ménak ti kalér,
                                                            iringan para dipatén,
                                                            candakna topéng jeung ronggéng,
                                                            tutup kendang kulit banténg,
                                                            dirarawat hoé loréng,
                                                            dipirig ku hujan soré,
                                                            ditepak para cawéné.
                                                Burudul ménak ti wétan,
                                                iringan para kumendang,
                                                candakna parabot perang,
                                                tutup kendang kulit kidang,
                                                dirarawat hoé belang,
                                                dipirig ku hujang beurang,
                                                ditepak ku para lanjang.

Burudul ménak ti kulon,
                                                            iringan para kaliwon,
                                                            candakna parabot barong,
                                                            tutup kendang kulit méong,
                                                            dirarawat hoé condong,
                                                            momotna hatong jeung rengkong,
                                                            éar nu pada narongtong.
                                                (Soeria di Radja, Panyungsi Basa III, 1934,
                                                dina Wibisana, 2000: 377-378)

Istilah lagu leuwih dipikawanoh ku barudak ayeuna batan kawih atawa tembang. Kawih-kawih kaayeunakeun saperti nu dicipta jeung dihaleuangkeun ku Doel Sumbang, dicipta ku Nano S., dihaleuangkeun ku Nining Méida AS, dipiwanoh ku istilah lagu, lain kawih. Saenyana, anu dimaksud ku lagu téh nya éta susunan nada anu dipidangkeun saalus-alusna nepi ka éndah katempona jeung genah kadéngéna. Lagu disebut ogé susunan ritme, panjong pondokna atawa ajén (harga) nada. Lagu dipaké ogé pikeun turun-naékna sarta panjang-pondokna sora dina maca, tembang, jeung ngaji. Wangun ugeran, puisi, atawa sair anu dipaké midangkeun lalaguan, kawih, tembang (Indonesia: nyanyian), minangka katerangan tina téma atawa lirik lagu disebut rumpaka. Anu dibaca di luhur mah kaasup kana kawih modérn atawa kawih murangkalih. Kamekaran saterusna tina kawih anu nadana péntatonis disebut lagu pop. 
Titénan conto rumpaka lagu pop ieu di handap!
KALANGKANG
Karya: Nano S.
Mungguhing dina impénan,
Geuning sakitu deudeuhna,
Pameunteu marahmay manis,
Teu isin paambung damis.
                                                                        Mungguhing dina impénan,
                                                                        Geuning sakitu léahna,
                                                                        Kanyaah nu wening bersih,
                                                                        Satia jadi kakasih.
Rambut panjang nu ngarumbay,
Disangkéh panangan nyampay,
Lalaunan raray tanggah,
                                                            Rangkulan karaos pageuh.


  
Luhur pasir tepung teuteup,
                                                                        Perlambang asih nu mekar,
                                                                        Kabagjaan nu duaan, nu duaan.
Mungguhing dina impénan,
Éndah ngan ukur kalangkang,
Harepan-harepan diri,
Sing nyanding jeung kabagjaan.

1.    Struktur Rumpaka Kawih
a.    Unsur Lahiriah Rumpaka Kawih
Rumpaka kawih téh saenyana mangrupa puisi. Minangka wangunan puisi, rumpaka kawih mibanda unsur-unsur nu tangtu. Nurutkeun Waluyo (2007), struktur puisi bisa diébréhkeun dina métodeu puisi, nyaéta unsur éstétik anu ngawangun struktur luar puisi sarta bisa katitén sacara visual. Éta unsur téh ngawémgku (1) imaji, (2) simbul/lambang, (3) musikalitas (wirahma), jeung (4) gaya basa.
Imaji, nyaéta gambaran anu karasa, kadéngé, atawa katempo (najan ngan ukur dina wangwangan) dina hiji sajak (Mustapa, 2014:37). Imaji téh nyaéta éfék dina jero implengan atawa pikiran anu nyarupaan (gambaran), anu dihasilkeun ku alat indera. Dina puisi, imaji (imagery) digunakeun pikeun méré gambaran ani jéntré, nimbulkeun suasana anu husus, leuwih ngahirupkeun gambaran dina pikiran jeung panca indra (Pradopo, 2014:81). Imaji bisa diébréhkeun ku kecap atawa runtuyan kecap anu bisa ngébréhkeun pangalaman sénsoris saperti panempo, pangrungu, jeung pangrasa (Waluyo, 2007:78). Aya sababaraha rupa imaji nu dihasilkeun ku panca indra, pamikiran, jeung gerakan. Pradopo (2014:82) ngabagi imajai jadi dua rupa, nyaéta imaji panempo (visual imagery) anu muncul tina indra panempo jeung imaji pangrungu (auditory imagery) anu muncul tina indra pangrungu.
Simbul atawa lambang maksudna taya lian ti nginjeum harti tina hiji kecap pikeun ngantebeun maksud (Mustapa, 2014:37). Dina kahirupan sapopoé loba pisan simbul anu digunakeun salaku tanda yén manusa téh mikir. Kitu deui dina karya sastra, simbol digunakeun salaku hasil tina paikiran pangarang. Simbul mangrupa hiji barang atawa hal anu konkrIt saperti warna, kajadian alam, jeung nu séjénna anu bisa digunakeun pikeun ngagambarkeun kahirupan atawa kaayaan haté (rasa) manusa (Tarigan, 2011:164).

Wirahma (musikalitas) nyaéta hiji tarékah sangkan sajak téh aya wirahmana, sabab sajak anu alus lain saukur boga maksud atawa eusi nu hadé, tapi wirahmana ogé kudu diperhatikeun (Mustapa, 2014:37). Wirahma méh sarua jeung ritme, rima, jeung irama anu gedé pangaruhna dina ngajentrékeun ma’na puisi. Ari sababna, ritme, rima, jeung irama téh raket patalina jeung sense, feeling, tone, jeung intension nu nyangkaruk dina jero puisi (Tarigan, 2011:35).
Gaya basa dina puisi nyoko kana pilihan kecap (diksi) minangka média anu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun rasa jeung gagasanana. Keraf (1984) nétélakeun yén gaya basa téh nyaéta cara ngedalkeun pikiran ngaliwatan basa anu has pikeun ngébréhkeun jiwa jeung kapribadian nu maké basa. Nurutkeun Sudaryat (1991), gaya basa téh nyaéta rakitan basa anu disusun pikeun nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun.
Dina ngagunakeun gaya basa dipilih tur disusun kekecapan kalayan ngagunakeun sababaraha cara anu maksudna sangkan bisa ngamunculkeun imaji éstétis, anu hasilna disebut diksi puitis. Ku kituna, dina nangtukeun gaya basa kudu dilakukeun kalawan taliti sangkan bisa ngahasilkeun gaya basa anu cocog tur luyu sarta ngawakilan ma’na nu dimaksud ku pangarang.
a.    Unsur Batiniah Rumpaka Kawih
Minangka wangunan puisi, rumpaka kawih mibanda struktur batin, anu ngawéngku téma, rasa, nada (suasana), jeung amanat (Tarigan, 2011:9-10).
Téma asalna tina basa Latin titéhnai anu hartina ‘tempat neundeun hiji alat’. Pangna disebut kitu lantaran téma nyaéta idéu atawa gagasan anu ngadadasaran hiji karya sastra nepi ka mibanda peran jadi puseur pangarang dina nepikeun karya nu disusunna. Téma mangrupa patalina antara ma’na jeung tujuan (Aminuddin, 1991:91). Téma henteu sawasna aya dina wangun moral atawa ajaran moral. Téma ngan bisa muncul dina wangun panitén pangarang kana kahirupan anu teu kudu ditapsirkeun ku dirina, tapi kudu ditapsirkeun ku nu maca.
Rasa (feeling) mangrupa téh poet’s attitude toward his subject matter, anu hartina sikep panyajak kana jejer pasualan anu aya dina puisina. Rasa mungkin waé aya 

dina lapis ma’na puisi sabab unggal ngahadirkeun jejer pikiran nu tangtu, manusa dipangaruhan ku sikep nu tangtu anu biasa jadi gumantung kana kaayaan haténa (Tarigan, 2011:12).
Nada (tone) mangrupa sikep panyajak ka pamaca atawa ka dirina sorangan. Nada nyoko kana warna émosional atawa warna ma’na tina karya nu nulis tur mangrupa unsur penting tina gunggungan ma’na (Siswantoro, 2014:143). Nada anu diébréhkeun ku panyajak dina hiji puisi aya patalina jeung rasa nu aya dina éta puisi. Nada patalina jeung suasana sabab suasana mangrupa warna dasar tina hiji karya sastra, kaasup dina rumpaka kawih.
Amanat mangrupa kapercayaan, pesen, pesenan, pihapé, popoyan, atawa talatah (Danadibrata, 2009:17). Kitu deui amanat puisi, nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pangarang boga tujuan atawa maksud tina puisi nu dijieunna, boh tujuan pikeun nyumponan kabutuh pribadi atawa nu séjénna, gumantung kana sawangan hirup pangarang (Tarigan, 2011:21). Tujuan disusunna karya sastra téh nyaéta pikeun kasugemaan pribadi. Ku kituna, dina nyiptakeun hiji karya saperti puisi, pangarang kudu ngaluyukeun diri kana tujuan nu hayang dihontal ku dirina. Amanat dina karya sastra, kaasup rumpaka kawih, mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa nu ngaregepkeun.
Struktur (unsur) lahir jeung struktur (unsur) batin rumpaka kawih sacara umum mibanda sasaruaan jeung wangun puisi.Minangka wujudiah tina puisi, struktur lahir jeung struktur batin rumpaka kawih bisa dibagankeun saperti ieu di handap



Bagan 9.1: Struktur Rumpaka Tembang
                                                                                                Imaji
                                                                                                Lambang
                                                            Struktur Lahir
                                                                                                Wirahma
                                                                                                Gayabasa
            STRUKTUR
            RUMPAKA KAWIH
                                                                                                Téma
                                                                                                Rasa
                                                            Struktur Batin              Nada
                                                                                                Amanat
 


  

No comments:

Post a Comment