Wednesday, August 23, 2017

soal tarjamahan




Pilih jawaban nu pangbenerna!
1.       Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut ...
a.       alih basa.
b.      alih kecap
c.       alih kalimah
d.      alih omongan
e.      alih carita

2.       kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas ....
a.         sorana
b.        nadana
c.         basana
d.        senina
e.        rasana

3.       Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu....
a.       "hade" jeung "alus"
b.      "sarua" jeung "papak"
c.       "geulis" jeung "satia"
d.      "sarasa" jeung "sajiwa"
e.      "luhung" jeung "jembar"

4.       Narjamahkeun prosa mah itunganna...
a.       Kecap per kecap
b.      Kalimah per kalimah
c.       Paragrap per paragrap
d.      Bait per bait
e.      Padalisan per padalisan

5.      Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:
1.      nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna
2.      maca dina jero hate (maca ngilo)
3.      paham kana alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)
4.       nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun
5.       mariksa hasil nerjemahkeun
lengkah anu bener ...
a.       5 – 2 – 3 – 1 – 4
b.      1 – 2 – 5 – 3 – 4
c.       1 – 2 – 3 – 4 – 5
d.      5 – 4 – 3 – 2 – 1
e.       4 – 2 – 3 – 1 – 5

6.       Tarjamahan tina amis budi nyaeta:
a.       Budi yang manis
b.      Manis sekali
c.       Wajah manis
d.      Si budi yang berwajah manis
e.      Selalu tersenyum pada orang lain

7.       Tarjamahan tina amis daging nyaeta:
a.       Daging yang manis
b.      Manis daging
c.       Memiliki daging yang manis
d.      Mudah terkena penyakit kulit
e.      Selalu berwajah manis dalam kehidupan

8.       Tarjamahan tina bengkok tikoro nyaeta ...
a.       Bengkok tenggorokan
b.      Tenggorokan yang bengkok
c.       Tidak kebagian makanan karena telat datang
d.      Tenggorokan yang melengkung
e.      Tenggorokan manusia yang bengkok atau melengkung

9.       Tarjamahan tina Agul ku payung butut nyaeta ...
a.       Sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri
b.      Keluarga yang punya payung sudah butut
c.       Sombong oleh payung butut
d.      Punya payung yang butut
e.      Bahagia punya payung

10.   Tarjamahan  Bentik curuk balas nunjuk nyaeta ...
a.       Jari telunjuk sedang menunjuk
b.      Jari telunjuk membalas menunjuk
c.       Suka memarahi orang lain
d.      Suka menyuruh-nyuruh orang lain
e.      Suka meminta-minta padahal mampu

3 comments: