Thursday, August 24, 2017

babad

Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.

Conto Judul Babad :
1. Babad Sumedang
2. Babad Cirebon
3. Babad Panjalu
4. Babad Bogor


BABAD SUMEDANG
            ...
            Dina hiji waktu, Prabu Geusan Ulun nu kawéntar cerdas téh angkat ka Demak. Samulihna tolab élmu agama ti Demak, Prabu Geusan Ulun teu langsung ka Karajaan Sumedang Larang, nanging sindang heula ka Cirebon, ngaluuhan pangangkir Raja Cirebon. Maksan Raja Cirebon ngangkir Prabu Geusan Ulun seja ngaderes élmuning agama. Margi Raja Cirebon kataji ku kajembaran élmuning agama Prabu Geusan Ulun.
            Nalika Prabu Geusan Ulun aya, di Karajaan Cirebon, kaleresan patepang sareng Permaisuri Raja Cirebon. Kalayan paréntah Raja, permaisuri kedah ngawulaan prabu Geusan Ulun. Éta permaisuri téh teu ku hanteu bet aya pikir ka dua leutik ka Prabu Geusan Ulun. Bakating ku kacida bogohna, éta permaisuri téh ngancan ka Prabu Geusan Ulun.
            Ningali galagat permaisuri kaya kitu téh teu pati diropéa mimitina mah. Dilayanan gé bakal moal pihadéeun, sarta bakal ngadatangkeun bencana sarta aib karajaan. Ari permairuri, ngarasa kapalayna diapilainkeun téh kalah ka malik ngancam ka Prabu Geusan Ulun. Permaisuri rék nilasan pati dirina mun kapalayna teu kabiruyungan.
.....


BABAD LIMBANGAN
Dina hiji poe kacaritakeun Aki Haruman, salah saurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran, anjlog ka mumunggang gunung. Ari breh teh ninggal cahaya anu moncorong ti sisi walungan Cipancer. Horeng eta cahaya teh hiji putri nu keur mandi, anak Sunan Rumenggong nu ngawasa daerah Limbangan.
Prabu Siliwangi mere ngaran ka eta gunung teh nyaeta gunung Haruman, kalawan gasik ngutus dua urang kapercayaanana nyaeta Gajah Manggala jeung Aria Gajah, keur ngalamar Nyi Putri. Tapi eta Putri nolak sabab Prabu Siliwangi teh tos gaduh istri langkung ratusan urang. Akhirna eta putri teh ngaleungit, tinggal seungitna wungkul nu kaangseu teh, akhirna eta tempat teh di ngaranan Buni Wangi. Ti lila eta Putri teh teu tega ningali kolotna sedih, Nya ahirna eta Putri nembongkeun wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, akhirna eta tempat di sebut Kampung Sempil.
Bakat ku di leukeunan di olo ku Sunan Rumenggong, akhirna eta Putri teh daek di tikah ku Prabu Siliwangi. Saenggeus sapuluh taun, gaduh putra nyaeta Basudewa jeung Liman Sanjaya. Duanana digedekun di Limbangan. Saeunggeus sawawa umurna basudewa jeung Raja Limbangan, Liman Sajaya ngawasa dayeuh luhur. 


Babad Cadas Pangeran
Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.
Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.
Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna.
Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.
Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, “Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca?”
Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran,  “Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna,” bari nyejekkeun sampěan kana cadas. “Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.”
Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas.
Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.
Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl
  

No comments:

Post a Comment