DONGÉNG
A. Tujuan
Tujuan
kagiatan diajar 8 ngawengku ieu di handap:
1. Sanggeus maca pedaran, pamilon
diklat mampuh nuduhkeunciri-ciri wangun carita dongéng.
2. Bari diskusi, pamilon diklat
mampuh ngajéntrékeun papasingan dongéng.
3. Sabada diskusi, pamilon diklat
mampuh ngaidéntifikasiunsur intrinsik carita dongéng.
4.
Sabada tanya jawab, pamilon diklat mampuh méré conto cara
ngalarapkeun konsép wangun jeung unsur intrinsik dongéng pikeun bahan
pangajaran di sakola.
B. Indikator KahontalnaKompeténsi
Indikator Kahontalna
Kompeténsi kagiatan diajar 8, ngawengku ieu di handap:
1. Nuduhkeun
ciri-ciri wangun carita dongéng.
2. Ngajéntrékeun
papasingan dongéng.
3. Ngaidéntifikasi
unsur-unsur intrinsik carita dongéng.
4. Ngalarapkeun
konsép wangun jeung unsur intrinsik dongéng pikeun bahan pangajaran basa Sunda.
C. Pedaran Matéri
1. Ciri-ciri
jeung Papasingan Carita Dongéng
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh
unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta dongéng téh diwariskeun
turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa
mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur
kalangenan, tapi nu
utamana mah dongéng téh ngawariskeun
ajén-inajén. Ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina
kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun.
Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun
naséhat anu hadé atawa nepikeun atikan moral.
Dina pakumbuhan urang Sunda,
ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti
generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu réa téh sok tuluy didongéngkeun
deui, antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu
Siliwangi atawa ngeunaan Sangkuriang sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana
sok dipatalikeun jeung kaayaan alam atawa
kabiasaan di hiji tempat.
Lantaran tradisi ngadongéng
téh méh aya di unggal bangsa, jeung ajén-inajén nu hayang ditepikeunana sipatna
téh universal, henteu jadi anéh lamun dongéng di hiji tempat sok sarimbag jeung
dongéng di tempat séjén. Boh sarimbag lebah karakter palakuna, boh sarua lebah
atikan moral nu hayang ditepikeunana. Contona baé dongéng Si Kabayan nu kacida
sohorna di lingkungan masarakat Sunda méh sarua jeung karakterisasi dongéng Abu
Nawas di Timur Tengah. Dongéng Dalem Boncél amanat moralna méh sarua jeung
Malin Kundang ti Sumatra Barat atawa Oidipus dina Mitologi Yunani. Kitu deui
fabel nu aya di urang sakapeung méh sarua amanatna jeung fabel-fabel di tempat
séjén.
Ka dieunakeun aya nu
pirajeunan nyatet-nyatetkeun dongéng, tuluy dikumpukeun dina wangun buku. Tapi
éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa
didongéngkeun deui ku indung atawa ku bapa, atawa ku Guru ka siswana di sakola.
Minangka wangun carita, carita dongéng
téh boga ciri anu mandiri. Mun digambarkeun mah ciri-ciri carita dongéng téh
kieu:
•Kaasup kana golongan carita
tur ditulis dina wangun prosa.
•Aya babagian caritana nu sok teu kaharti
ku akal
(pamohalan)
•Ngandung naséhat anu hadé (atikan
moral) keur
pieunteungeun jalma réa
•Nyebarna sacara lisan tur teu kapaluruh
saha nu ngarangna
•Sok kapanggih babandinganana jeung
dongéng séjén di tempat séjén.
Ku lantaran béda-béda palakuna, jeung
béda-béda deuih asal-usulna, dongéng téh sok dipasing-pasing. Rusyana (1992)
ngabagi-bagi carita dongéng téh kieu:
a. Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di
masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para
nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana.
b. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan,
saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung
sajabana.
c. Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian
tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna
dongéng sasakala.
d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan
(hayalan), bangsaning jurig jeung siluman.
Sumarsono
(1986), nyieun papasingan dongéng téh kieu:
a.
Parabel,
nyaéta dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, contona dongéng Si
Kabayan atawa Abu Nawas.
b.
Fabel
atawa dongéng sasatoan, nu nyaritakeun sasatoan tapi paripolahna siga jelema nu
bisa ngagunakeun akal pikiran. Contona dongéng sakadang kuya jeung sakadang
monyét.
c.
Legénda
atawa dongéng sasakala, anu nyaritakeun asal-muasalna kajadian, témpat, barang,
sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng Sangkuriang nu nyaritakeun asal-usul
Gunung Tangkuban Parahu.
d.
Sagé,
nyaéta dongéng nu nyaritakeun kajadian atawa jelema nu ngandung sajarah.
Contona dongéng Prabu Siliwangi.
e.
Mite,
nyaéta dongéng nu eusina raket jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut
atawa hal nu gaib. Contona dongéng Nyi Roro Kidul.
2.
Conto Carita Dongéng
Di handap kapidangkeun conto
carita dongéng.
Seuhah
Lata-Lata
Hiji
poé Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya arulin di sisi leuweung. Duanana
katémbong layeut pisan. Sempal guyon gogonjakan, nepi ka carapéeun.
Ceuk
Sakadang Monyét, “Panas kieu nya. Mani ngésang deuih!”
“Sarua,”
ceuk Sakadang Kuya.
“Dahar
naon nya nu ngeunah mun keur lapar kieu?”
“Dahar
naon baé ogé ngeunah,” témbal kuya.
“Tah,
enya. Keur bayeungyang kieu mah kudu dahar cabé,” ceuk Sakadang Monyét.
“Cabé
di mana?”
“Di
kebon patani nu di bubulak téa.”
“Maling
cabé?” kuya kerung.
“Lain
maling, tapi ngala bari teu kanyahoan ku nu bogana.”
“Enya
maling téa ari kitu téh.”
Sakadang
Monyét embung éléh, “Pokona urang lain niat maling cabé, tapi ngala cabé. Arék
milu moal?”
Sakadang
Kuya éléh géléng, kapaksa nuturkeun Sakadang Monyét. “Moal kanyahoan kitu ku Pa
Tani?” pokna.
“Moal,
lantaran mun keur panas kieu mah Pa Tani téh paling-paling keur nundutan di
saung.”
Kacaritakeun
éta dua sato geus nepi ka kebon cabé Pa Tani.
Sakadang Monyét ngajlengan pager, ari Sakadang Kuya moncor ti handap.
Sakadang
Monyét gancang mipitan céngék nu bareureum, am didahar. Pok ngomong bari
cowong, “Seuhah lata-lata, maling cabé lada ngeunah.....”
“Onyét,”
Sakadang Kuya ngagebés, “Nanaonan éta téh? Kumaha lamun kanyahoan ku Pa Tani?”
Tapi
Sakadang Monyét siga ngahajakeun, gogorowokan bari semu dikawihkeun:
Seuhah lata-lata
maling cabé lada ngeunah
Seuhah lata-lata
bébéné aya di imah
Seuhah lata-lata
mang Lebé kami rék nikah.
Ku
lantaran tarik gogorowokanana, kadéngéeun ku Pa Tani. Barang kanyahoan yén nu
kitu péta téh Sakadang Monyét, teu antaparah deui belewer baé monyét nu keur
ladaeun ku cabé téh dipaléngpéng ku parangna. Méh baé keuna upama monyét teu
gancang ngadepong mah. Berebet Sakadang Monyét lumpat tipaparétot bari
gogorowokan, “Aya nu ngamuk! Aya nu ngamuk!”
Lat baé poho ka sobatna mah.
Pa
Tani pohara napsuna. Barang ngarérét ka handapeun tangkal cabé, katénjoeun ku
manéhna aya kuya, huluna nyusup kana babatokna, ti dituna mah nyumput.
“Ieu geuning baturna! Beunang siah!” ceuk Pa Tani.
Gancang
kuya dibawa ka saung. Pok deui Pa Tani ngomong, “Paingan cabé aing beuki rigil.
Dipeuncit siah...!”
Ngadéngé
omongan patani kitu, Sakadang Kuya kacida reuwaseunana. Manéhna ceurik, dina
haténa bébéakan nyalahkeun Sakadang Monyét. Da mun tadi teu ngagugu kahayangna
mah moal ieuh aya kaajadian kieu.
Sakadang
Kuya dikurungan dina ranggap ku Pa Tani. Gawéna ngan ngaheruk baé, inget kana
nasibna anu sial. Ari Pa Tani tuluy nitah Ambu Tani meuli samara keur ngasakan
Sakadang Kuya. Anakna nu parawan keur ulin di buruan. Teu lila ti harita Pa
Tani ngosréng ngasah bedog nu rék dipaké meuncit kuya di pipir imahna.
Tah
keur kitu, puncengis Sakadang Monyét ka dinya. Sanggeus katémbong aman, manéhna
nyampeurkeun Sakadang Kuya nu keur dikurungan dina ranggap. Pokna bari
diharéwoskeun “Héy Sakadang!”
Ngadéngé
sora nu ngageroan, lol Sakadang Kuya nololkeun huluna. Bet aya akaal nu
ngalalar dina pikiranana. Nyéh manéhna ngajak imut ka Sakadang Monyét. Puguh
baé Sakadang Monyét téh héraneun.
“Kumaha ieu téh, kalah ka seuri?” ceuk Sakadang
Monyét.
“Teu
kukumaha, malah dikumahaan, majar téh aya geusan pakumaha...,” témbal Sakadang
Kuya.
“Ih,
dasar nu lieur! Ung ka dieu téh rék nulungan ilaing!” ceuk Sakadang Monyét.
“Teu
kudu ditulungan déwék mah, Onyét. Ceuk tadi gé teu kukumaha. Sabalikna déwék téh
dikumahaan ku Pa Tani supaya déwék daék jadi minantuna. Sugan baé déwék téh
bisa jadi geusan pakumaha manéhna upama aya gawé atawa karerepet. Si Nyaina mah
geus puruneun. Tuh geuning keur ulin di buruan, sakitu geulisna....”
Ngadéngé
kitu, Sakadang Monyét roy haténa jadi kabita. Pisakumahaeun bungahna dipulung
minantu ku Pa Tani. Sakadang Monyét tuluy néangan akal sangkan Sakadang Kuya
daék dihilian ku manéhna.
Ceuk
Sakadang Monyét, “Heuheuy deuh, karunya teuing ku manéh Uya. Ilaing téh pasti
salawasna bakal dijieun anggel. Disarungan tuluy ditambahan ku kapuk. Unggal
peuting ditindihan ku sirah Si Nyai nu bau minyak keletik. Lay dahdir deuih.
Ihhh, geuleuh....”
“Wah moal enya?” témbal Sakadang Kuya.
“Ih, pasti. Ku sabab kitu, mending hilian ku uing,
nya!”
“Hilian kumaha?”
“Ilaing kaluar, uing asup!”
“Issss,
ké heula,” Sakadang Kuya tahan harga. Padahal dina haténa mah bungangang pédah
akal bulusna hasil.
Sanggeus
adu tawar, ahirna Sakadang Kuya léah, daék ditukeuran ku Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya mah tuluy kabur ti dinya.
Teu
lila di antarana Pa Tani geus ngabedega gigireun ranggap. Kacida kagétna
manéhna barang ningali kuya geus robah jadi monyét. Napsuna tambah-tambah,
“Monyét bangkawarah. Saruana siah! Dipeuncit deuleu ku aing ayeuna!”
Karék
kapikir ku Sakadang Monyét yén manéhna geus ditipu ku Sakadang Kuya. Gancang
baé manéhna néangan akal deui. Ngan jentul baé teu obah-obah siga arca. Pa Tani
gé héraneun. Ranggap dibuka, monyét ditoél. Barang ditoél kitu téh ngan golépak
baé monyét téh siga nu jengker.
“Waahh,
geus paéh deuih!” ceuk Pa Tani napsu. Monyét téh teu antaparah deui belewer
dialungkeun ka jarian. Barang gubrag ka jarian, Sakadang Monyét surak,
“Horsééh! Da teu paéh!” Sakadang Monyét téh nonggéngan heula sakeudeung,
sanggeus kitu belecir lumpat bari gogorowokan, “Pa Tani kadieukeun Si Nyai, rék
dikawin ku kami....”
Pa Tani ambekna ngagidir. Tuluy nyacag ranggap nepi
ka rangsak!
(Diadaptasi tina buku Aker
Dangsé karangan Wahyu Wibisana, penerbit Rahmat Cijulang, medal taun 1983,
kaca 36-42)
3.
Unsur Intrinsik Carita Dongéng
Minangka carita dina wangun
prosa, dongéng ngabogaan unsur-unsur intrinsik anu teu jauh béda jeung usnur
instrinsik carita dina wangun prosa séjénna, kayaning carita pondok jeung
novel. Ieu di handap téh dadaran unsur-unsur intrinsik dongéng:
UNSUR
INTRINSIK
|
KATERANGAN
|
Téma
|
Gagasan, ide, kosénpsi pangarang nu
diémbréhkeun atawa kabaca dina karanganana. Téma dongéng biasana universal,
upamana nyaritakeun hadé goréng, salah bener, jeung sajaba ti éta.
|
Palaku
|
Tokoh anu ngalalakon. Aya palaku utama
(nu boga peran sentral dina carita) jeung aya palaku panambah/panglengkep.
Tokoh dina dongéng lain baé manusa, tapi ogé bisa sato, barang, atawa mahluk
goib.
|
Plot
|
Plot sok disebut ogé galur, nyaéta
jalan carita anu digerakeun ku sabab akibat tina unggal-unggal persitiwa
atawa tindakan tokoh. Plot ngawengku plot maju, mobok tengah, jeung mundur.
Dina carita dongéng mah umumna plot téh maju.
|
Setting
|
Latar tempat jeung latar waktu di mana
jeung iraha carita lumangsung/kajadian. Dina dongéng latar téh bisa iraha baé
jeung di mana baé, teu kawatesanan ku logika.
|
Point of View
|
Sok disebut ogé puseur sawangan,
nyaéta ti sawangan saha carita ditepikeun. Aya ti jalma, kahiji, kadua atawa
katilu. Dina dongéng biasana carita téh disawang ku jalma katilu
(pangarang/pencerita).
|
Amanat
|
Pesan atawa atikan moral anu hayang
ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Dina dongéng amanat jadi penting lantaran
inti tina carita téh hayang nepikeun atikan moral.
|
4.
No comments:
Post a Comment