Wednesday, January 17, 2018

Kawih



Kawih

Dina Kamus Umum Basa Sunda nu dipedalkeun ku Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (1976, kaca 220), nu disebut kawih tėh nyaėta rakitan basa sabangsa dangding nu teu makė patokan pupuh; ngawih, ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ari dina Kamus Basa Sunda Satjadibrata (1946, kaca 169) mah nu dmaksud kawih tėh nyaėta lagu-lagu anu teu makė patokan pupuh; ngawih, ngalagukeun sisindiran (lain nembang); kakawihan, ngawih lila jeung rupa-rupa; ngawihan budak, ngawih sangkan budak sarė;  ngawihkeun piwulang, ngalagukeun papatah.
Kakawihan ceuk Sudaryat (2014, kaca 264) nyaėta lagu rahayat, lagu katut rumpakana gėus matok, sifatna anonim, jeung sumebar dina kahirupan barudak ti baheula mula. Ku lantaran kitu nya aya sebutan kawih murangkalih atawa kakawihan barudak, lantaran ditembangkeunana ku barudak. Umumna kakawihan mah teu bisa leupas tina kahirupan barudak nu matak sok disebut kaulinan urang

lembur. Rumpaka kakawihan tėh winangun sajak anu ditepikeunana ku cara dilagukeun. Ku lantaran kitu dina kakawihan aya unsur irama, jeung unsur ritme.
Ari kakawihan kagolongkeun kana hasil karya balarėa anu sifatna anonim, tegėsna teu puguh saha nu ngarangna jeung ti mana mimitina, sumebar sacara lisan, ku lantaran kitu kakawihan disebut ogė lalaguan rahayat (folksong).
Dumasar kana fungsina, kakawihan tėh bisa dibagi tilu rupa, nyaėta (1) kakawihan keur mépėndė budak; (2) kakawihan keur magawė; jeung (3) kakawihan kaulinan.
1)     Kakawihan keur mépėndė
Kabiasaan di pilemburan, mun keur ngasuh budak boh diais boh diayun-ayun dina papalang, gėus pasti bakal ngahariring. Ari anu jadi tujuanana taya lian nyaėta sangkan budan nu dina aisan atawa ayunan tėh gancang sarė tur tibra. Lamun budak gėus sarė tibra, kapanan bisa barang gawė anu sėjėnna, kayaning: kukumbah wadah, saspu, ngėpėl, jrrd. Kakawihan umum sok dilagukeun saperti: Nėlėngnėng kung, Ayun ambing,
Gėura titėnan ieu rumpaka kakawihan di handap.
Nėlėngnėng kung, nėlėngnėng kung,
Geura gedė geura jangkung,
Geura sakola sing junun,
Geura makayakeun indung,
Wirahma katut rimana (ritme) dina ėta rumpaka nalika dihariringkeun karasa pisan ngalagėnana. Ritme nu anggėr (monoton) nalika ėta rumpaka kakawihan dibulak balik dilagukeun méré suasana pitunduheun nu ngabualukarkeun budak gancang sarėna. Gėura bandingkeun jeung rumpaka kakawihan sėjėnna ieu di handap.
Ayun ambing, ayun ambing,
Diayun-ayun ku samping,
Gėura bobo lila nyaring,
Mun nyaring gė ulah rungsing

Kawih anu basajan tėh miboga lirik anu kuat, cukup ku opat baris baė, tapi kagambarkeun kumaha nepikeun pesen ka nu keur diayun ambing nyaėta sarė tibra tur ulah rungsing. Paripolah tibra tėh kapanan aya patalina jeung unsur kasehatan, nyaėta sarė nu boga kualitas tėa; ari rungsing patali jeung paripolah

sikep, ulah rungsing hartina solėh – henteu rudet ka nu jadi kolot – tuhu sumujud. Jadi dina kakawihan tėh tėtėla lain ngan sakadar lagu, lain ngan sakadar ritme, tapi aya falasifah anu ditancebkeun ka diri budak nya  ėta kasolėhan diri. Kitu deui dina rumpaka Nėlėngnėng kung, jaba ti wirahmana ngalagėna tėh pesen moralna ogė kuat, nyaėta sangkan jadi jalma anu luhung ku ėlmu panemu, sangkan jagana bisa babakti ka nu jadi indung.
2)    Kakawihan keur magawė
Kakawihan keur magawė mah sok dikawih ku tukang ngawuluku di sawah. Tara rėpėh ėta tėh, ngahaleuang baė. Rėpėh-rėpėh mun gėus pecat sawed, kira-kira jam 9 – 10. Nu nganteuran gėus datang, nyiapkeun dahareun dina galengan. Gėura ieu titėnan rumpaka kakawihan paranti magawė.
MAGAWÉ
Ki Panganten gėura gugah,
Bisi kasiangan nyawah,
Bisi kaluputan nyambut,
Ki Panganten gėura gugah,

Luput! Luput!
Arang! Arang!

Wuluku di saung lisung,
Garu dina pipir leuit,
Ki Panganten geura gugah,
Kia! Kia!
Ngider! Ngider!

Pecut borėlėng diambėn,
Gobang pontrang di tunjangėun,
Ki Pangantėn geura gugah,
Kalem! Kalem!

Gėura titėnan kekecapan nu aya dina rumpaka kakawihan di luhur tėh. Kecap luput. Kecap luput tėh diucapkeun upama munding ngalakukeun kasalahan, salah tincak. Munding tėh ngarti mun disebut luput tėh, pasti manėhna ngarobah tincak. Dituluykeun ku kecap arang, maksudna tapak lacak wuluku carang teuing. Ku lantaran kitu, kecap luput digunakeun pikeun ngabejaan yén aya kasalahan nyaėta tapak wulukuna carang teuing, ngingetanana ku kecap
arang. Sanggėus munding dibėjaan yén manėhna geus ngalakukeun kasalahan, nu magawė nuluykeun pangajakna makė kecap kia. Ėta kecap kia tėh basa ajakan ka munding sangkan nuluykeun gawėna. Kia! Kia!  Ditėma deui ku kecap ngider, hartina tuluykeun deui ngurilingan pigawėeunana. Upama aya omongan kalem, hartina wuluku ngalelep teuing, jadi beurat. Nu magawė ngomong kalem bari ngangkat wulukuna.
3)    Kakawihan keur kaulinan
Kakawihan kaulinan barudak atawa kaulinan urang lembur meh di unggal sėkė sėlėr bangsa aya atawa baroga. Duka teuing saha anu nyiptakeunana mah nepi ka kiwari teu kapaluruh (anonim).  Ieu di handap aya kakawihan anu biasa dilagukeun dina luhur tangkal anu nyagak. Tangkal anu liat tur kuat ditaekan ku barudak loba biasana tangkal selong atawa jambu, tara babari peunggas. Bari ngawih kakawihan tėh bari eundeuk-eundeukan.
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagoni,
Meunang peucang sahiji,
Leupas deui ku nini,
Beunang deui ku aki.

Jaba ti kakawihan eundeuk-eundeukan tėh loba kėnėh kakawihan sėjėnna ogė, mėh unggal warna kaulinan aya kakawihanana. Lamun rėk maėn ucing-ucingan atawa susumputan, sok diundi heula ku cara ngawihkeun Hompimpah, saha anu meunang maėn ti heula.
Mun dina dongėng mah kakawihan téh digunakeun keur nyagėurkeun atawa ngahirupkeun jalma anu gėus teu walakaya, saperti dina dongėng Budak Pahatu Lalis. Kakawihanana kieu:
GEBER-GEBER HIHID AING
Geber geber hihid aing,
Hihid aing kabuyutan,
Titinggal nini awaking,
(dipapatkeun sababaraha kali, nu teu walakaya tėh jadi waras deu
Rumpaka kakawihan téh méh h sarimbag jeung sajak. Sakumaha disebutkeun di luhur yén dina kakawihan tėh aya unsur wirahma jeung ritme. Nu jadi cukang lantaran ayana pitunduheun téh ku ayana ritme nu anggėr (monoton). Jaba wirahna jeung ritme, kakawihan ogė ngandung amanat  atawa pesen nu ditepikeun, najan aya ogė kakawihan anu euweuh naon-naon,   ngan sakadar kaulinan wirahma wungkul.
Luyu jeung fungsina, yén kakawihan tėh ėstu pikeun kaulinan urang lembur, ngabeberah manėh tina lalangsė kahirupan anu jauh kana tempat hiburan. Ku kakawihan, hirupna jadi bėrag, saruka bungah galumbira. Mėdiana ukur pakarangan saayana, nya kalan-kalan ngagunakeun pakakas lain nu teu kudu meuli, kayaning: talawengkar, jajaba, tangkal selong atawa tangkal jambu, jrrd sakadar nu aya jeung nu nyampak baé.


aha di antara hidep nu can kungsi ngaregepkeun kawih?
Saréréa gé tangtu kungsi ngaregepkeun kawih. Ngaregepkeun
kawih kaasup kana ngaregepkeun kalangenan atawa hiburan.
Biasana nu ngaregepkeun ngarasa kahibur. Teu mustahil nu nalangsa gé
jadi bungah, atawa sabalikna, sanggeus ngaregepkeun kawih jadi sedih
jeung nalangsa, sabab eusi rumpaka kawih ngingetkeun deui ka éta
paregep kana pangalaman dirina nu geus kaliwat.
Cing, kumaha karasana ku urang mun geus ngaregepkeun kawih?
Tangtu waé teu sarua, sabab wanda kawih anu diregepkeunana bakal
mangaruhan kana suasana paregepna, pangpangna mah kasang tukang
jeung pangalamanana. Jalma nu paséhat basa Sunda bakal babari nyangkem
rumpaka kawih Sunda. Kitu ogé jalma nu mindeng ngaregepkeun atawa
maca rumpaka kawih bakal babari nyangkemna.
Basa di SMP hidep ogé kungsi narima pangajaran ngeunaan kawih.
Tah, ayeuna hayu urang neuleuman deui eusi rumpaka kawih. Ngan bisi
hidep poho deui, urang pedar heula ngeunaan kawih.
Naon ari kawih? Kecap kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu
hartina sa’ir (kavya – bujangga). Kawih nya éta rakitan basa anu ditulis
ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger).
Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo
atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup
sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.
Kawih mah béda jeung pupuh. Kawih teu kauger ku rupa-rupa
aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh.
Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan. Ari rumpakan
kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna. Ngan kawih mah
geus dilengkepan ku aturan titilaras. Unsur-unsur nu aya dina kawih teu
béda jeung unsur-unsur nu aya dina puisi atawa sajak, nya éta ngawengku
téma, nada, rasa, jeung amanat.
Kawih salah sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun nu
diwariskeun sacara turun-tumurun. Kawih kaasup kasenian anu kahot
sarta dikatégorikeun minangka cikal bakal seni sora nu aya di masarakat
Sunda.
Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nya éta:
(1) Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman baheula
atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu
saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih

buhun di antarana lagu “Banjar Sinom”, jeung sajabana. (2) Kawih Jaman
Jepang dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia dina taun 50-
an. Sababaraha kawih anu aya dina Jaman Jepang di antarana lagu “És
Lilin”, “Balon Ngapung”, “Géhgér Soré”,”Bandowati”, jeung sajabana.
(3) Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari nya éta kawih jaman
ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi
ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana “Anggrék Japati”, “Cinta
Nusa”, Baju Héjo”,”Angin Priangan”, “Hujan Munggaran, jsb., kaasup
kawih-kawih anu dikolaborasikeun.
A. Maca Rumpaka Kawih
Ieu di handap aya rumpaka kawih anu judulna ngeunaan kadaharan
jeung inuman. Saupama di antara hidep aya nu geus bisa, pék contoan
haleuangkeun. Nu séjénna ngaregepkeun bari maca ieu rumpakana di
handap!
(Rumpaka kawih 1)
És Lilin
És lilin mah (dunungan) kalapa muda
dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh henteu ngajadi
És lilin mah ... didorong dorong
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
És lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoreng mah aduh geuning jungjunan

És lilin mah ceuceu di kalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kalér mah ka kalér katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal palér duh da ku sabulan
(Rumpaka kawih 2)
Colénak
Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak
Colénak dicocol énak
anu ompong ogé teurak
mangga geura carobian
colénak beuleum dadakan
Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring
Colénak dicocol énak
kakoncara sabuana
kaolahan urang Sunda
warisan kolot baheula

Pancén 1
Sanggeus hidep maca dua rumpaka kawih di luhur, pigawé ieu
pancén di handap!
1. Tuliskeun kecap-kecap anu teu kahari dina dua rumpaka kawih di
luhur sarta pék paluruh hartina dina kamus!
“És Lilin” “Colénak”
Kecap Harti kamus Kecap Harti kamus
1. … … 1. … …
2. … … 2. … …
3. jsté. … 3. jsté. …
2. Diwangun ku sabaraha pada jeung sabaraha padalisan unggal
padana éta rumpaka kawih “És Lilin” jeung “Colénak” ?
“És Lilin” “Colénak”
Jumlah
pada Jumlah padalisan Jumlah
pada Jumlah padalisan
……
Pada ka-1: … padalisan
Pada ka-2: … padalisan
Jsté.
……
Pada ka-1: … padalisan
Pada ka-2: … padalisan
Jsté.
3. Perkara naon eusi anu dihaleuangkeun dina éta kawih?
Judul Kawih Eusina nyaritakeun
“És Lilin” …
“Colénak” …
B. Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih
Upama nilik unsurna, rumpaka kawih ogé teu béda jeung unsur
nu aya dina sajak atawa puisi, di antarana aya rasa, nada, amanat, jeung
téma.
(1) Rasa ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya
dina rumpaka kawih. Unggal kawih anu diregepkeun atawa dibaca
tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana
pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu
nulis rumpaka kawih. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan
katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka. Geura ilikan sempalanana ieu di
handap.
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantélan geuning ku saputangan ...

itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan ...
Éta kecap ginding (padalisan 3) jeung jungjunan (padalisan 4) dina
sempalan rumpaka kawih “És Lilin” téh minangka ébréhan haté
wanoja nu ngagambarkeun rasa cintana ka hiji jajaka.
(2) Nada nya éta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu
ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handap
asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana. Geura ilikan sempalan
rumapak kawih “és Lilin” ieu di handap.
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ... didorong dorong
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Dina sempalan di luhur kagambarkeun jalma nu teu wani kedal
atawa terus terang. Aya kecap isin (padalisan ka-3), nandakeun éra
jeung kecap samar kaduga (padalisan ka-3) nandakeun teu puguh
nu kudu dipilampah, sarta kecap bararingung (padalisan ka-3)
nandakeun kasieun bisi cintana ka éta jajaka teu ngajadi.
(3) Amanat nya éta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun
ku nu ngawih atawa nu ngarangna ka nu ngaregepkeun atawa nu
maca. Amanat minangka kereteg anu ngarojong ka nu nulis kawih
nyiptakeun karyana. Amanat bisa dipaluruh dina kecap-kecap anu
dipilih jeung disusun ku nu ngawih jeung di satukangeun anu
dikawihkeun. Geura tengetan ieu sempalan rumpaka kawih “És
Lilin” di handap.

És lilin mah ceuceu di kalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Dina rumpaka di luhur nyangkaruk amanat yén urang salaku wanoja
kudu bisa ngajaga harga diri, sanajan sakumaha mikacintana ka hiji
jajaka, ulah wani reujeung paduduaan (padalisan ka-4) lamun can
resmi jadi salaki pamajikan jeung pikir rangkepan (padalisan ka-4)
rasa sieun–dibantun ka mana-mana.
(4) Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi
rumpaka kawih. Teu béda ti sajak, dina kawih ogé sok kapanggih
nu eusina ngébréhkeun masalah sosial, agama, kadeudeuh atawa
kaasih, jeung sajabana. Ari nu jadi téma rumpaka kawih “És Lilin”
nya éta katrésna atawa percintaan, bisa katingali dina kecap-kecap nu
dipaké, di antarana kecap ngaitkeun pikir, paduduaan, dunungan,
jungjunan, ginding.
Pancén: 2
Sabada hidep maham eusi rumpaka kawih nu judulna “És Lilin” di
luhur, ieu di handap aya rumpaka kawih nu judulna “Colénak”. Tugas
hidep nya éta maluruh rasa, nada jeung amanatna dina tabél nu aya di
handapeunana!
Unsur Pedaran Rumpaka
1. Rasa
Ngabéjakeun ngeunahna (pelem)
éta kadaharan, sajaba ti murah
hargana.
…………………………..
…………………………..
…………………………..
…………………………..
2. Nada
Némbongekun kareueus yén
urang Sunda boga kadaharan
tradisonal warisan kolot baheula
nu kasohor (kakoncara) ka
saalam dunya (buana) ngaranna
colénak
…………………………..
…………………………..
…………………………..
…………………………..

3. Amanat
ngajak sangkan
ngamasarakatkeun kadaharan
tradisional nu ngaranna colénak
…………………………..
…………………………..
…………………………..
…………………………..
C. Neuleuman Wangun jeung Gaya Basa dina Rumpaka
Kawih
Wangun rumpaka kawih sarua jeung wangun sajak atawa puisi. Réa
sajak atawa puisi nu geus dijadikeun rumpaka kawih. Rumpaka kawih
aya ogé nu disusun dina wangun sisindiran. Geura tengetan deui ieu
sempalan rumpaka kawih “És Lilin” di handap
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantélan geuning ku saputangan
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan
Sempalan rumpaka kawih di luhur téh diwangun ku opat padalisan.
Padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang, padalisan katilu jeung
kaopat disebutna eusi. Nilik kana wandana mah, sempalan rumpaka kawih
di luhur téh kaasup kana paparikan. Pangna disebut paparikan lantaran
padeukeut sora tungtung padalisan nu aya dina cangkang jeung eusi. Sora
tungtung padalisan kahiji padeukeut sorana jeung sora tungtung padalisan
katilu, sora tungtung padalisan kadua padeukeut jeung sora tungtung
padalisan kaopat. Sora nu padeukuet kitu téh sok disebut murwakanti.
Geura tengetan deui ieu sempalan rumpaka kawih di handap!
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantélan geuning ku saputangan
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan
Sora tungtung padalisan kahiji ding padeukeut jeung sora tungtung
padalisan katilu ing, kitu ogé sora tungtung padalisan kadua ngan
padeukeut jeung sora tungtung padalisan kaopat nan. Sajaba ti conto di
luhur aya rumpaka kawih séjénna anu diwangun ku sisindiran.

Unsur penting séjénna anu kudu dipikanyaho ku didep dina
rumpaka kawih nya éta pilihan kecap. Diksi atawa pilihan kecap dalit
pisan patalina jeung unsur gaya basa, nya éta basa anu digunakeun ku
nu ngarang sangkan bisa leuwih ngahudang imajinasi paregep atawa nu
maca. Teu béda ti sajak atawa puisi, gaya basa anu sok kapanggih dina
rumpaka kawih kayaning gaya basa babandingan nu istilah séjénna sok
disebut metapora (metapora).
Métapora (metaphor) nya éta gaya basa babandingan atawa lalandian,
ku jalan nyebut hiji barang, padahal anu dimaksud mah anu séjén
lantaran dianggap boga pasipatan atawa ciri-ciri anu sarua. Dina harti
jembar, métapora ngurung rupa-rupa gaya basa babandingan, kayaning
lalandian, mijalma, ngasor, rarahulan, rautan, jeung sajabana
Gaya basa lalandian sok dipaké pikeun ngaganti (ngaran) ku
sesebutan. Aya sesebutan alus atawa pideudeuh (héronimia) jeung aya
sesebutan goréng, ocon, atawa métonimia, contona: kecap Srikandi keur
sesebutan ka awéwé wanian; Si Jalak Harupat idipaké keur sesebutan
ka lalaki anu toh pati jiwa raga, cadu ngejat ti pakalangan atawa
pangperangan; Wayang pangsisina dipaké keur sesebutan ocon banyol ka
jalma anu jangkung gedé.
Gaya basa mijalma (personifikasai) sok digunakeun pikeun
nyebutkeun barang anu henteu nyawaan atawa sasatoan diupamakeun
boga polah cara jalma, kayaning boga rasa sedih, susah, bungah, atawa
ambek, contona: Gunung siga anu milu nguyung, lebak siga milu susah.
Pucuk janur tingarulang, ngagupayan anu angkat; Lokomotip ngahégak lir
seunggah nanjak; Bulan ngintip tina sela-sela méga.
Gaya basa ngasor (litotes) sok dipaké pikeun ngébréhkeun hal nu
sabalikna tina kanyataan, contona: Kuring mah teu boga duit sapésér-pésér
acan (padahal beunghar); Dahar gé ukur jeung uyah (padahal deungeun
sanguna sagala aya), jeung sajabana.
Gaya basa rarahulan (hiperbola) sok dipaké pikeun nandeskeun,
ngantebkeun, atawa nimbulkeun rasa nu kaleuleuwihi, contona: Amarahna
nguntab-nguntab lir seuneu hurung. Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan
jagat; Najan nepi ka ceurik getih oge, moal ditolih.
Gaya basa rautan (eupimisme) dipaké pikeun ngalemesan maksud
sangkan teu kasar katarimana ku nu maca atawa ngaregepkeun, contona:
Ké, kuring rék ka cai heula (maksudna rék kiih); Karunya, anakna téh geuning
teu ningali (maksudna lolong).

Satuluyna pék ilo deui ieu rumpaka kawih di handap. Mun aya mah
bari ngaregepkeun tape, video, MP 3 atawa wangun rékaman séjénna!
Bulan Batu Hiu
(Doel Sumbang)
Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sésa purnama kamari
Urang duaan
anteng sosonoan
suka bungah
sagala rasa dibedah
Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari
Ikrar janji
sahidup samati
moal hianat
insya Allah moal pegat
Dina ruang haté
nu aya ukur salira
dina ruang haté
pasti ngan ukur salira
Bulan di langit Batu Hiu
Sesa purnama kamari
bulan sapeupeuting nyaksi
nya pangrusiah moal betus pasti

Dina rumpaka kawih di luhur aya kecap-kecap anu ngandung
harti injeuman (konotasi ). Geura tengetan ku hidep ieu pedaranana di
handap!
Ngupamakeun
(metafora)
Bulan nu ngagantung
tinggal sapasi
sésa purnama kamari
sagala rasa dibedah
dina ruang haté
- nu ngagantung biasana
maké tali atawa sabangsaning
bungbuahan dina
tangkalna
- kecap sapasi biasana
dipaké kana dahareun
nu dipotongan.
- kecap sésa dipaké keur
dahareun teu béak
atawa duit sésa balanja.
- kecap bedah biasana
dilarapkeun kana balong
atawa tanggul
- kecap ruang atawa
rohangan sok dipaké
pikeun nuduhkeun tempat
atawa patempatan
Mijalma
(personifikasi)
bulan sapeupeuting nyaksi
- anu sok nyaksi;
nyaksian; jadi saksi
biasana jalma

Pancén 3:
Sanggeus hidep neuleuman pedaran di luhur, pigawé pancén ieu di
handap
1) Sawalakeun jeung babaturan sakelompok pikeun maluruh cangkang
jeung eusi unggal pada dina éta kawih. Geura imeutan heula conto
cara nganalisisna ieu dina tabél di handap!
Sempalan rumpaka kawih “És
Lilin”
Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu
Padalisan padeukeut sorana
És lilin mah (dunungan) kalapa muda
dibantun mah (dunungan) ka
Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh henteu ngajadi
1
2
-
-
-
-
3
4
a. Kecap muda dina padalisan
ka-1 padeukeut sorana jeung
kecap kaduga dina padalisan
katilu, nya éta sora (a)
b. Kecap sukajadi dina padalisan
ka-2 padeukeut sorana jeung
kecap ngajadi dina padalisan
ka-4, nya éta sora (i)
.
Sempalan rumpaka kawih “És
Lilin”
Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu
Padalisan padeukeut sorana
És lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
a. ….
b. ….
.
Sempalan rumpaka kawih “És
Lilin”
Cangkang Eusi Kecap di tungtung padalisan nu
Padalisan padeukeut sorana
És lilin mah ceuceu di kalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
a. ….
b. ….
.
Sempalan rumpaka kawih “És Lilin”
Cangkang Eusi Kecap di tungtung
padalisan nu padeukeut
Padalisan sorana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kalér mah ka kalér katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal palér duh da ku sabulan
a. ….
b. ….

2) Ieu rumpaka kawih “Bubuy Bulan” di handap diwangun ku
sisindiran. Pék paluruh ungkara mana waé dina unggal pada nu
kaasup kana wangun cangkang jeung eusi kana tabél nu aya di
handapeunana!
Bubuy Bulan
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang
panon poé, panon poé disasaté
unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Cuburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé

D. Nyusun Paraprase tina Rumpaka Kawih
Tanda yén hidep paham eusi kawih di antarana bisa nyaritakeun
deui ku basa sorangan. Rupa-rupa carana pikeun nyaritakeun deui eusi
kawih téh, di antarana ku cara nyusun paraprase. Naon ari paraprase?
Paraprase atawa paraprasa nya éta ngébréhkeun deui hiji wangun basa
kana wangun basa séjénna, kalawan teu ngarobah hartina. Kagiatan
nulis paraprase teu hésé. Nu basajan mah di antarana ku cara nambahan
kecap-kecap kana rumpaka kawih ku kecap-kecap nu dianggap mampuh
ngajelaskeun. Geura tengetan contona di handap.

Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
(kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis lir ibarat mekarna kembang)
malati (éta wanoja téh ayana) di Gunung Guntur (pernahna di Garut)
(Éta kembang téh) seungitna (sumeleber, nepi ka jadi) sungkeman ati
(Warnana) bodas (nyacas jadi) sésétraning rasa (sakur nu ningali)
(Éta kembang téh) jadina (persis) dina mumunggang (gunung Guntur)
(Nu teu meunang kasaba ku manusa, dan cenah mah éta téh) leuweung
larangan.
Kacaritakeun aya wanoja. Bakat ku geulis, éta kageulisanana
téh diibaratkeun lir kembang malati nu keur mekar. Éta wanoja téh
cicingna di Gunung Guntur.
Ma’lum ka nu geulis. Kabéh jalma pada apal. Tapi teu sagawayah
jalma (lalaki) bisa manggihan éta wanoja, sabab cicingna di mumunggang
gunung Guntur, nu teu meunang kasaba ku manusa, da cenah mah éta
téh leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
(Mang Koko & Wahyu Wibisana)
Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya
Para Guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
duka ku saha
Kamari jol aya béja
Malati ratna mumunggang
Pajar can aya nu metik,
duka ku naon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan
na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang

Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan “genteng ulah potong”
Sabilulungan persatuan tembong (patembong)
Tohaga - (tohaga)
Rohaka - (rohaka)
Teguh tangguh perbawa sabilulungan (saihwan)
Sadia - (sadia)
Sajiwa - (sajiwa)
Segur singkil ngabasmi pasalingsingan (pabentar)
Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan silih pikaheman
Sabilulungan tulung tinulungan
Sabilulungan kukuh persatuan ( beungkeutan)
Santosa - (santosa)
Samakta - (samakta)
Teuneung ludeung ngajaring kawibawan (k’amanan)
Saihwan - (saihwan)
Sapaham - (sapaham)
Nagri nanjung berekah sabilulungan
Posted 22nd May 2010 by Kos Warnika
Labels: Ganda Mekar
E. Ngalengkepan Rumpaka Kawih
Ieu rumpaka kawih nu judulna “Peuyeum Bandung”, “Borondong
Garing”, “Tauco Cianjur”, “Goréng Pisang”, jeung “Tahu Sumedang” téh
can lengkep. Pancén hidep nya éta:
1) lengkepan éta rumpaka kawih!
2) paluruh rékaman kawihna dina wangun MP3 atawa wangun
rékaman séjénna!
4)      sawalakeun nyaritakeun naon eusina!


Peuyeum Bandung
Dimana mana
dikampung di kota
tos kakoncaran
duh nikmat rasanya
sampeu …………………………..
teu ……………………………….
peuyeum …………………………
ku ………………………………..
peuyeum …………………………
pangaosna ……………………….
ku ………………………………..
sepuh …………………………….
………………………………......
………………………………......
………………………………......
………………………………......
Borondong Garing
Borondong garing
ider kota pilemburan
mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran
…………………………
…………………………
…………………………
…………………………

Tauco Cianjur
Lamun urang sok ka Cianjur
Mo poho oleh-oleh nu mashur
Rencang sangu matak uruy
Éta tauco Cianjur
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
Goréng Pisang
Sang goréng pisang
Arageung jeung haneut kénéh
Leres amisna
komo lamun nu dagangna
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………
Tahu Sumedang
Tahu sumedang,
akang digoréng garing
Pelem rasana,
haneut-haneut dituangna
………………………………
………………………………
………………………………
………………………………

1 comment:

  1. Contoh Lirik Kawih Sunda sendiri itu sebenarnya banyak sekali ya, salam kenal gan jangan lupa kunjungannya ..

    ReplyDelete